Haturan Baraya sadaya, mudah-mudahan urang sadaya dina enggoning ngalaksanakeun 
kagiatan sapopoe aya dina panangtayungan Allah SWT amin..ya Robal Alamin..

Baraya sadaya, hapuntena bilih ieu paguneman kantos dibahas di bakus, kieu 
baraya si kuring asa panasaran dumeh nitenan ngaran patempatan di urang 
(Jabar), lolobana ngango awalan "Ci" contona :

Di Kuningan : Cibingbin, Cibodas, Cipondok, Cibeureum,Ciangir,Ciwaru, Ciawi 
Gebang, Cilimus, Cigugur, Ciniru, Cipicung, Cigandamekar, Cipari.
Di Tasikmalaya : Ciawi,Cikatomas, Cikalong, Cipatujah, Cibalong, Cigalontang, 
Cineam, Cisayong, Cihideung, Cipedes, Cibeureum,Cibeuti, Cilamajang, Ciherang, 
Ciakar, Cikalang, Cilembang, Cipari, Cipawitra, Cigantang, Cibunigeulis
Di Ciamis : Ciamis, Cidolog, Cihaurbeuti,Cigugur, Cijeungjing, Cijulang, 
Cikoneng, Cimaragas, Cimerak, Cipaku, Cisaga. 
Di Garut : Cibalong, Cibatu, Cibiuk, Cigedug, Cihurip, Cikajang, Cikelet, 
Cilawu, Cisewu, Cisompet, Cisurupan.
Di Majalengka: Cigasong, Cikijing, Cingambul.
Di Sumedang : Cibugel, Cimalaka, Cimanggu, Cisarua, Cisitu.
Di Kab.Bandung : Cicalengka, Cikancung, Cilengkrang, Cileunyi, Cimaung, 
Cimenyan, Ciparay, Ciwidey.
Di Kab.Bandung Kulon: Cihampelas, Cikalong Wetang, Cililin, Cipatat, 
Cipeundeuy, Cipongkor, Cisarua.
Di Kota Bandung: Cibeunying Kaler, Cibeunying Kidul, Cibiru, Cicadas, Cicendo, 
Cidadap
Di Bogor : Ciampea, Ciawi, Cibinong, Cibungbulang, Cigombong, Cijeruk, 
Cileungsi, Ciomas, Cisarua, Ciseeng, Citeureup.
Di Cianjur: Cianjur, Cibeber, Cibinong, Cidaun, Cikadu, Cikalongkulon, Cilaku, 
Ciranjang.
Di Kab.Cirebon : Cirebon, Ciledug, Ciwaringin.
Di Karawang :Ciampel, Cibuaya, Cikampek, Cilamaya, Cilebar
Di Purwakarta : Cibatu.
Di Subang : Ciasem, Cibogo, Cijambe, Cikaum, Cipeundeuy, Cipunagara, Cisalak.
Di Sukabumi: Cibadak, Cibitung, Cicantayan, Cicurug, Cidadap, Cidahu, Cidolog, 
Ciemas, Cikakak, Cikembar, Cikidang, Ciracap, Cireunghas, Cisaat, Cisolok.
Di Cimahi : Cimahi
Di Depok: Cimanggis
Di Kota Sukabumi: Cibeureum, Citamiang, Cikole

Naha nya ngaran tempat teh, jiga nyokot tina ngaran walungan. Dina wates daerah 
oge di urang mah make walungan patokana.

Cikan..manawi aya sasakalana kunaon patempatan diurang lolobana make ngaran 
walungan?

hatur nuhun.

baktos 
Kebo Hideung


Kirim email ke