Punten, nyarioskeun soal agama mah saena tong didieu. bilih jadi pacogregan. kahiji ieu teh milis Sunda, keur ngamumule budaya sunda, kaduana pan urang Sunda ge teu Islam sadaya.
Dina aturan milis tos jelas dibejaan basa mimiti ditampi janten anggota. ku uing di "copy paste" keun deui meh teu poho : -Teu kaci ngagogoreng seler/etnik/ras/bangsa sejen [bangsa Sunda mah komo]. Dina ayana tulisan ngeunaan eta, jang diajar/peinteungeun. -Teu kaci ngogogoreng agama jeung kapercayaan batur. komo agama nu diagem mayoritas Urang Sunda [Islam]. ku kituna wayahna, soal-soal nu kararitu mah mangga we dicarioskeunana dina milis nu sanes. hatur nuhun, -dul- kuncen #8 --- In [email protected], rusdi yunus <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > "ati - ati misionaris kristen baris ngalakuken naon bae enggoning ngamurtadkeun umat islam" > > Sim kuring manghanjakalkeun pisan kaanu sok kabongbroy ku barang sakedik ku emie atanapi ku beas anu mung sakedik. > > kuring parantos ningali sababaraha tempat anu di jantenkeun area pamurtadan. > hiji conto di lingkungan jakarta pusat tegesna kolong rel kereta menteng jalan panataran payunen gedung pola caket patung proklamator. didinya aya para pamulung anu asalna islam ti daerah jawa ( duka jawa manamah) kuring ningali pami poe minggu sok aya semacem acara di greja.

