Mapay Tapak Lacak jeung Ngaprak Blog Kuring
Yayan Mulyana
[EMAIL PROTECTED]
Dinu kahirupan sapopoe sok aya wae jalma anu sok resep
ngomongkeun batur, sok komo deui mah ngagosip tea. Jeung na deui gosip atawa
ngomongkeun batur teh kiwari lain jadi pagawean sapopoe keur hiji jalma mah, di
stasion tivi malihan mah geus remen acara nu aya patula-patalina jeung ngomong
keun batur. Teuing eta ngomongkeun batur teh bisa bener atawa bisa salah oge
sabab, ceuk cenah mah urang mah resep ngobrolkeun tingkah laku seleb tea. Ieu
acara teh lain dinu hiji stasion tivi wae malihan mah sakabeh tv swasta geus
remen, boh ti isuk meletuk nepikeun ka peuting.
Tapi sanajan program ngagosip kawas kitu, pasti wae loba nu
nontonna, boh ti barudak ngora nepikeun ka dewasa. Jeung na deui biasana mun di
hiji stasion tv sok ngaggosip ngeunaan hiji seleb, di acara nu lian nu mana sa
tv keneh oge sok dibahas malihan mah sok nepikeun kajero-jerona. Kitu deui tv
nu lian ge sok ngabahas topik nusarua, saperti hiji artis nu asup panjara
lantaran kena Obat-obat terlarang atawa ngagossip ngeunaan nu ngawayuh deui
atawa kawin cerai tea, antukna mah urang kabeh jadi nyaho.
Jauh ti pamasalahan ngaggosip dinu tv, kumaha cenah ari ngagosip
di dunia maya. Nu pagawean na teu jauh jeung dunia IT jigana ari ngeunaan
ngagosip kawas kitu mah bisa di kases ngaliwatan internet tea, sok komo nu
ngabogaan akses internet tinggal mukaan kang google laju weh tinggal ngetik
naon nu bakal di teangkeun ngeunaan gosip tea. Salian ti ngaliwan SE (search
engine) samodel kang google, nu geus apal site ngeunaan warta-warta nu anyar
meureun bisa langsung nga direct ka link na samodel detik.com, astaga.com,
kapanlagi.com, okezone.com jrrd.
Tah didinya urang bisa neangan ngeunaan gosip lain wae seleb tapi
gossip ngeunaan warta-warta nu anyar, tah didieu mah urang nekeunkeun gossip
teh lain ngobrolkeun seleb wae tapi nu aya patula-patalina jeung kairupan
sapopoe nu keur haneut keneh mah, kumaha kontingen Indonesia di SEA GAMES atawa
Global Warming tea di Bali.
Peranan media ieu mangfaat pisan sabab ari dunia internet mah
geus bisa diakses dimana-mana, sok komo di daerah atawa (site area), geus
gampang tinggal make handphone weh. Tah geus cundukna meureun urang desa ge
geus apal teknologi kawas kieu kawas di iklan tivi tea, jadi bisa ngamajukeun
SDM na, tapi salian ti eta ge dampak gorengna loga oge kumaha urang-urang
milah-milah informasi nu alus jeung hade keur kahirupan urang.
Sabengbatan Ngeunaan Sajarah Internet
Mun nyoko kanu sajarah na, cenah Internet teh mimitina diwangun
taun 1969 rehna pamarentah AS jeung pagurun-pagurun luhur didinya nyieun riset
babarengan, nu mana riset ieu teh diaraan ARPAnet tea. Nu mana mimitina mah
keur nyieun hiji jaringan nu ngahubungkeun komputer-komputer nu jararauh jeung
keur nukeurkeun informasi. Tah mun hiji jaringan eta aya gangguan, antukna kudu
di alihkeun ka jalur lianna ngaliwatan dynamic routing tea. Samodel conto keur
perang teluk sanajan Irak geus digempur bebeakan ku AS jeung sakutu-sakutuna,
tapi jaringan komunikasi mah teuteup survive weh.
Pangembangan jaringan teh lain saukur keur ngahubungkeun jeung
tutukeuran informasi wae, tapi dinu taun 1972 hiji seratan elektronik
(serelek/email) nu munggaran bisa ka kakirim. Kukituna dinua taun 1980, traffic
di ARPAnet pebeulit pisan, kusabab paguron-paguron luhur ngahubungkeun rebuan
work stasion jeung mainframe ka jaringan si ARPAnet ieu. Ku alasan kaamanan
dinu tahun 1983 jaringan na teh dipisahkeun kaws keur sipil jeung ari keur
militer mah boga jaringan sorangan kawas Milnet
Ku kamotekaran na ARPAnet urang geus bisa ngagosip ngaliwatan
serelek tea atawa email, sok komo jajaprian mah mineung pisan boh kikiriman
kabar atawa nanyakeun kumaha kayaan babaturan urang nu jauh atawa wae ngirim
surat lamaran. Salian ti serelek ge urang geus bisa ngagosip ngaliwatan group
nu disadiakeun ku kang yahoo atawa kang google. Jeung na deui fasilitas ieu teh
haratis pisan,didinya urang ge bisa ngagosip ngeunaan naon wae kumaha urang
miluan grup na.
Ngeunaan Blog
Kiwari sok sanajan grup-grup keur ngagosip masih jadi andelan
keur tutukeuran informasi, aya deui fasilitas nu diaranan blog tea. Samemeh
blog jadi kawentar, digital komunitas geus ngabogaan hiji bentukna, kaasup
Usenet, ngagunakeun palayan online komersial samodel GEnie, BiX ,daftar
serelek, jeung Buletin Board System (BBS). Dinu Tahun 1990-an parangkat lunak
nu ngaranna Internet Forum , nyieun Webex nu mana ngagosipna make threads.
Usenet oge salahsahiji dedengkot nu nyieun ngenaan istilah World Wide Web,
numana ngembangkeun Newsgroup nu bisa di moderasi dinu groups anu leutik atawa
group individu. Basa taun 1983-84 aya nu ngaranna mod.her nu mana di aranan
jeung di diaranana katut di manage ku Brian E. Redman, si Akang ieu mimitian
nga post atawa nga threads ka tempat-tampat di internet, jeung na deui model na
kawas journal atawa diararanan pre-HTTP tea.. Ieu model teh bentukna kawas Blog
jeung sok aya tautan ka tempat-tempat anu alus jeung hade di internet
Blog nu modern teh diwangun tinu diary online, nu mana tiap
pamake teh bisa teuteup ngaupdate kayaan manehna sapopoe. Didieu manehna sok
diaranan diarist, journalist atawa journalers, aya oge sok ngaranan manehna
sorangan nyaeta escribitionists. Istilah weblog di mimitian ku Kang Jorn
Barger dinu 17 Desember 1997, sedengkeun istilah blog di mimitian ku Kang Peter
Merhoz nu mana satadina na mah nyieun istilah heureuh yen weblog teh nyaeta we
blog, ieu istilah teh dipake ku manehna di sidebar blog manehna (peterme.com)
dinu bulan May atawa Mei 1999. Antukna aya deui istilah nu ngaranna to blog
nyaeta keu ngedit blog urang atawa ngapost blog urang.
Mun ceuk sakaolmah blog teh sajarah na kawas kieu:
1. Dinu taun 1998, Open Diary di lalarkeun , nu antukna online
diary ngajamur pisan. Numana di OD ieu aya feedback si nu maca jeung nu ngapost
ngaliwatan comment.
2. Brad Fitzpatrick, hiji blogger nu kawentar ngamimitian nu
ngaranna LiveJournal di Maret 1999.
3. Andrew Smales nyieun pitas.com di juli 1999, salah sahiji
engine keur ngagampangkeun malihara news page dinu web, laju nyieun Diaryland
di September 1999, numana fokusna kanu komuniats diari sorangan.
4. Evan Williams jeung Meg Hourihan nyieun blogger.com di agustus
1999 nu mana kiwari di akuisis ku google.com bulan febuari 2003.
Ngaprak Blog Kuring
Ilaharna mah blog teh hiji teknologi dinu widang informasi nu
ngagampangkeun boh dinu biaya atawa cara makena, sok komo kiwai loba jasa kawas
palayanan blog hosting haratis samodel dreamhost atawa parangkat lunak blog nu
haratis kawas wordpress, moveable type, blogger atawa livejournal. Sanggeus
urang ngaregister ka eta parangkat blog teh tinggal urang nangtukeun kumaha log
urang teh, jeung deuk dibawa kamana kawas deuk jadi blog media, blog gadget,
blog genre, blog hukum atawa panerbit, blog SE, jeung blog komunitas atawa
direktori.
Sanggeus nangtukeun tema na, contona nu gampang urang daftar di
wordpress, ilaharna mah si WP teh sok nawarkeun naha blog urang teh deuk di
tempelkeun di teknokrati atawa hanteu.Tapi samemeh ngawanohkeun saha si
teknokrati teh, aya hiji kasus nu mana aya patula-patalina jeung blog komo deui
gossip. Dina hiji buku ngeunaan advertising aya hiji kasus ngeunaan eta.
Didinya aya kasus nu unik nu mana kajadianna di nagari tirai bambu. Ieu
kaalaman ku awewe nu mana kahirupanna bisa di akses dinu blogna.
Ceuk cenah sanggeus manehna tulas-tulis dinu blogna ngeunaan
kahirupan manehna sapopoe jeung kakaitan na jeung lalaki. Tapi mun ceuk sakaol
mah si awewe eta teh jiga awewe ubrut nyiliwuri atawa awewe teu bener tapi
sanggeus di wawancara di Danwei TV, manehna beda jasa lantaran manehna pinter
katut geulis. Kahirupan manehna oge kungsi di muat di majalah New York Times,
Washington Post jrrd. Jeung na deui blog manehna ge kungsi di translate ka basa
prancis. Jeung na deui kungsi oge di ondang dinu hiji blog keur konspe bloging.
Nu antukna traffic si blog eta teh aya kanu 10 rebu hits tiap poena.
Tah didinya powerfull na ngagosipp dinu blog teh , tapi ngagosip
anu arti sabenerna lain ngomongkeun anu teu hade tapi tutukeran jampe pamake
jeung elmu panemu. Balik deui ka teknokrati, mun urang hayang nyaho saha wae nu
ngaggosipkeun blog-blog urang teh. Ku kituna urang bisa nyaho mapay tapak lacak
blog aktif dinu bentuk real time nu bisa diakses make Technorati. Technokarati
ieu ngarangking kabeh blog dumasar kanu jumlah link ka blog nu dituju jeung
mere ngaran ukuranna ku authority. Mun blog urang aya 50 link, bisa jadi
ngabogaan authority leuwih ti blog nu ngabogaan 10 link.
Ku kituna mun urang nyobaan ngetikeun alamat blog urang atawa
bisa oge alamat web, urang bisa mapay tapak lacak sabaraha blog nu aya link na
jeung situs urang teh. Nang Technorati ieu teu ngalacak blog kiwari, tapi geus
aya database blog na kurang leuwih 14 juta situs. Sacara garis badag na
Technorati ieu boga kaunggulan nyaeta :
1. Jumlah jeung authority ti link balik deui ka situs web na
(link balik)
2. Ngarangking blog nu keur diteang
3. Jumlah link ti minggu kamari
4. Dattar pangawasan nu mere nyaho keur urang ngaliwatan serelek
atawa link-link anyar ka blog urang.
Technokrati ieu nyadiakeun potret atawa visibility blok urang, jeung alus
jasa mun urang hayang nyaho ngeunaan informasi-informasi kanu link-link anyar
dumasar kaahayang urang.
Salian ti Technorati aya oge nu ngaranna ICEROCKET (I), ieu ge
pasaing Technorati. Kaleuwihan si I ieu nyatea urang bisa leuwih cepet tinimang
T, sabab fitur-fitur I ieu ngandalkeun tinu paneangan data nu cepet jeung dinu
bentuk feed. Aya oge nu lian nu ngaranna BLOGPULSE, nu mana ieu tools teh
kassup haratis oge. Ieu BP teh nu dijieun jeung diawas ku Inteliseek nu hiji
pausahaan dinu widang survei b isnis jeung konsumen kahot di dunya. Kaleuwihan
ieu BP teh nyatea tinu nganalisa data sacara tren, sok komo hasil paneangan
urang bisa di toong dinu grapik jeung urang bisa ngabandingkeun babaraha blog
oge.
Jadi dumasar kanu kabutuhan mereun blog teh lain keur wae diary
atawa curhat urang ngaliwatan media internet, tapi bisa oge keur neangan bisnis
atawa link-link dumasar kanu tema blog urang. Tapi ieu blog ge aya sisi negatif
sok komo mun aya jalma nu mere komentar ka web urang, tah beulah dinya mah
kumaha urangna milih-milihna naha bisa jadi geulut atawa asupan keur urang.
Ngeunaan mapay tapak lacak blog urang, diluhur bisa dipake dumasar kanu
kabutuhan urang. Eleuh ningan geus opat halaman kutrat-kotret teh geus heula
ach cape.
Cag Ach
---------------------------------
Support the World Aids Awareness campaign this month with Yahoo! for Good