Tanggal 13 Desember 1957, Ir. Djuanda ngadeklarasikeun
konsep, yen Indonesia teh hiji nagara kapulauan,
dimana lautan anu misahkeun pulau-pulau teh dianggap
sabage wilayah Indonesia oge(penghubung daratan). Ieu
konsep teh , kakara kiwari karasa mangpaatna, utamana
mah dina ngokolakeun sumber daya alamna.Hiji hal,
nunjukkeun visi Djuanda anu ngaliwatan jamanna
Lamun baheula Ir.Djuanda heunteu ngaluarkeun konsep
eta, jigana lautan sabudeureun Indonesia bakal jadi
rebutan jeung nagri deungeun. Tapi jigana generasi
ayeuna (utamana Urang Sunda), jigana teu pati conggah
kana pipikiranana Ir. Djuanda.
Sok sanajan Ir. Djuanda teh lain jalma ti lingkungan
partai, tapi sababaraha kali dipake di sababaraha
kabinet, jaman pamarentahan RI make sistim
Parlementer.
Ceuk cenah, Ir. Djuanda anu "ngarukunkeun" dwi
tunggal Sukarno-Hatta, sabada di "pipirakan" di taun
50 an. Upama nilik kitu, jigana Ir. Djuanda teh boga
kamampuan sabage pelobi ulung, ahli diplomasi,
konseptor jeung boga pipikiran kahareup anu
ngaleuwihan jamanna.
Sakitu anu sakainget ku kuring, sakapohona leuwih
loba. Cik atuh, bilih baraya KUSnet aya anu leuwih
inget, dongengkeun di milis ieu.
baktos,
mrachmat Uidipura
anu sok sering sakapoho
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo.com/r/hs