Wilujeng Iedul Adha ka sadayana, mugia urang sadaya ka emrat ku kaberkahanna. Wios ah rada telat oge....duka rarasaan kuring ieu teh duka kaayaan nu sabenerna kitu, beuki dieu umat Islam asa kurang sumanget dina ngareuah-reuah poe-nan Iedul Adha. Baheula kuring keur budak keneh mah, estu Iedul Adha masih karasa khidmat jeng agemna. Duka ayeuna mah, meureun jamanna geus beda, teuing kuring nu loba dosa...
Ah ieu mah minangka curhat we, meureun ieu oge ku lantaran kuring teu bisa Iedul Fitri jeung Iedul Adha di lembur sorangan... Punten bilih aya nu kanganggu, sareng bahasana aya nu teu pantes tur teu pikahartieun. Maklum da urang lembur.. Baktos ka sadaya-na. -are-

