Sareng Hormat,

Upami tiasa, kaset anu aya dibeberkeun lengkep sareng pangaosna. Janten tiasa 
terang jumlah pangaos sadayana anu peryogi kanggo ngatur budgetna.
Simkuring tos lami milari kawih-kawih Mang Koko, mung dugi ka danget ieu teu 
acan kenging. Sareatna, ngiringan anggota Kusnet ieu, alhamdulillah tiasa 
mendakan anu dipilari.
Hatur nuhun  informasina. 

Eman Suherman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               
 Lagu-lagu Mang Koko
 Ka sugri anu micinta lagu-lagu Mang Koko, komo anu ngalaman keur budak waktu 
di SD atawa SMP diajar ngawih lagu karawitan, lamun hayang ngumbar panineungan 
bari hahariringan, kuring manggihan kaset-kaset kawih Sunda dina mangrupa 
karaoke. Kaset “Pangajaran 17 Pupuh Sunda” salah sahiji kaset anu 
dikaluarkeun ku Yayasan Cangkurileung Pusat anu alamatna di kompleks Perumahan 
Jaka Purwa No. A 16. Eusina estu munel lain wae lagu-lagu pupuh anu biasa 
saperti sinom, dangdanggula, kinanti jeung sajabana, tapi oge balakbak, 
lambang, ladrang, jeung gurisa. Ieu kaset sihoreng geus aya ti taun 2005, teu 
dijual di toko-toko kaset, jigana bae diproduksi keur nyumponan kabutuh 
guru-guru atawa juru latih di sakola dasar. Usaha Kang Tatang Benyamin Koswara 
– putrana Mang Koko – ngasetkeun ieu lalaguan perlu meunang dorongan jeung 
panghargaan ti anu micinta seni swara Sunda. Hanjakal waktu kuring silaturahmi 
ka bumina (171207) Kang Tatang Benyamin Koswara nuju teu damang, karek
 pisan kaluar diopname ti RS Al Islam. Mugi sing enggal sehat sabihara bihari 
deui.
 Lain ngan saukur Kaset “Pangajaran 17 Pupuh Sunda” wungkul tapi oge aya 
Pangajaran Kawih Sunda SD jeung SLTP, malahan aya kaset Palajaran Kawih Sunda 
Gandamekar vol. 1 nepika 4. Sigana ka anu peryogi tiasa hubungan langsung ka 
alamat di luhur, telp. (022)7567397. Kasauran istrina Kang Tatang kaset nembe 
diproduksi deui upama tos aya nu pesen langkung ti 50 kaset. Sakitu. Wassalam 
pun Eman
 


          
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
     
                               

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke