Saprak kahuruan karek
kamari deui (221207) kuring laha loho ka pasar buku Palasari, samemehna mah 
didinya
teh lamun neangan buku-buku Sunda rada hararese, iwal  ti majalah heubeul 
Mangle nu dijual 1000
perakan. Aya hiji jongko buku perenahna di jajaran jongko buku panghareupna,
sagedengeun tempat parkir mobil anu ngajual buku-buku Sunda, sabenerna lain
husus toko buku Sunda, sigana bae nu dagangna oge urang Sunda. Rada aneh
kukituna mah di pasar buku Palasari nu daragang teh rata-rata urang sebrang,
mun oge teu bisa disebutkeun kabeh urang ditu . Tah di eta jongko buku kuring
meuli buku Sunda: “Masyitoh” ku Ajip Rosidi, “Si Pucuk Kalumpang” ku Ajip
Rosidi, jeung “Teu Pegat Asih” ku Soeman Hs anu didongengkeun deui dina basa
Sunda ku Moh.Ambri, bukuna araripis iwal ti “Masyitoh” nu rada kandel teh, 
regana
tilu buku teh  35.000 rebu perakeun –
jajan buku keur nu “tongpes” Tiluanana oge dicitak ku  Kiblat Buku Utama. 
Sakitu. Wassalam. Pun Eman.



      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke