Kuring oge make sepidi kang. "Lumpatna gancang", taripna saluyu pilihan urang.
kuring mah make "time-base"  50jam /bulan=200rb
pami hoyong lumpat sataker kebek, bari jeung taripna angger aya "unlimited" 
750rebu der........(tapi mun aya waktos punten longok www.bolotot.com)

soni
www.bolotot.com
  ----- Original Message ----- 
  From: Soemawisastra Ahmad 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, December 07, 2007 6:06 PM
  Subject: Bls: [Urang Sunda] ngawiki & ngablog ==SEMINAR...Lomba Keur Pemd



  Punten kang ERN nu di bogor,
  sim kuring bade tumaros, perkawis provider di bogor nu unlimited tadina 
350rebu janten 200rebu teh. 
  Kaleresan abdi ge di bogor, ayeuna nganggo speedy. Lumpatnamah gancang
  mung gancang oge tarina. 
  Nuhun sateu acannya.

  Baktos abdi.
  den.alit/AS


  ----- Pesan Asli ----
  Dari: AmanK Maya Suara <[EMAIL PROTECTED]>
  Kepada: [email protected]
  Cc: [EMAIL PROTECTED]
  Terkirim: Jumat, 7 Desember, 2007 4:28:23
  Topik: Re: [Urang Sunda] ngawiki & ngablog ==SEMINAR...Lomba Keur Pemd


  asa teu acan kenging kacindekan ngeunaan seminar yeuh ???...
  kumaha para moderator ???.... bade aya moal ieu teh ???
  asa bingung kuring mah......

  tah ieu kang ahmad tea.... anu nyanggeman akses internet kanggo seminar 
tea....

  mung kang kumi gaduh pamadegan yen pamilon kedah praktek langsung....
  hartosna kedah di lab. komputer atuh ???

  atuh kumaha kang asep ???... sigana rada panjang yeuh lalakon ???...
  pami kedah ngadamel kagiatan di kampus.... cobi atuh urang karontakan.. .
  adi-adi urang anu araya keneh di kampus sewang2an... .
  aya anu haat teu keresa janten event organizer... .
  sangkan langkung gampil kerjasama sareng anu gaduh kampus.....
  abdi bade nyobian ka adi-adi di STT Telkom...
  Cik...cobi aya anu bade nyobian oge kontak ka adi-2 anu aya di UPI, di ITB, 
di UNPAD...jeung sajabana.... ..

  maksad teh...sami-sami jalan...ngarah teu silih andelkeun... .
  ngarah teu "ngebon huma" cenah hehehehe.... .

  baktos ah kasadayana.. ..
  hatur nuhun.

  mang maya

  [EMAIL PROTECTED] com wrote: 

    Hatur nuhun informasina kang.

    Rupina urang ayeuna kedah langkung seueur ngadamel content & services lokal 
nu kreatip. Margi salah sawios nu ngajantenkeun bandwidth awis teh sabab urang 
seueur ngakses situs2 luar negeri. 

    Contona we upame urang chatting via YM, padahal sareng rencang saruangan di 
kantor, apanan kedah lumpat heula ka server yahoo di luar negeri. Ayeuna upami 
jutaan user internet indonesia chatting, tos sbrheun tah bandwidth nu kaanggo. 
Teu acan anu nge-blog, ngawiki, facebook, friendster, jsb... Padahal eta pisan 
nu janten primadona di urang tur jutaan memberna. Pugug ari google search mah, 
oge nu garaduh email di yahoo, apanan bandwidth ka luar negeri sadaya.

    Nu tiasa janten solusi supados bandwidth rada hemat, nyaeta salah sawiosna 
urang kedah ngaoptimalkeun & kreasi content2 lokal tea, anu dihosting di nagara 
urang keneh. Ngeunaan hal ieu tangtos peryogi dukungan di elemen2 ICT di urang, 
utamina pamarentah salaku regulator.

    Hiji lengkah positip nu nuju dipidamel ku Kang Aschev saparakanca, diantos 
we informasi detail & hasilna. Mugia lancar.

    Baktos,

    Ahmad NR



    ------------ --------- --------- --------- --
    Powered by Telkomsel-BlackBerr y®



    -----Original Message-----
    From: Aschev Schuraschev 

    Date: Thu, 6 Dec 2007 01:53:06 
    To:urangsunda@ yahoogroups. com
    Subject: Re: [Urang Sunda] ngawiki & ngablog ==SEMINAR... Lomba Keur Pemd


    Operator A ngagaleuh bandwidth Rp. X ti Singapura. Operator B ngagaleuh 
bandwidth Rp. X ti Singapura. Janten pangaosna sami awisna. Dina hal operator A 
nawiskeun ka palanggan pangaos anu langkung mirah ti operator B, aya 
kamungkinan operator A ngabagi bandwidth ka sajumlah palanggan anu langkung 
seueur. Akibatna bandwidth anu ditampi ku palanggan langkung sakedik sareng 
tiasa wae koneksina janten kaganggu akibatna kualitasna langkung awon. 
      
    Koncina mah Indonesia kedah gaduh alternatif sanes kanggo ngagaleuh 
bandwidth, ulang ti Singapura hungkul. Tiasa Ti Australia sareng nagara 
sanesna. Mung kedah aya heula infrastruktur serat optik anu ngait ka Australia 
atanapi ka nagara sanesna sajabi ti ka Singapura. 
      
    Ayeuna sim kuring saparakanca nuju ngadamel standar kualitas pelayanan jasa 
akses internet dialup sareng broadband access kanggo para operator internet, 
anu "ditentang" (naon tah Sundana) ku Telkom tapi disatujuan ku YLKI sareng 
APJII katut AWARI sarta sajumlah palanggan. Mudah-mudahan taun payun ieu 
garapan tiasa rengse. 
      
    Salam, 
    Aschev Schuraschev
     




    ----- Original Message ----
    From: aeko.nugraha 
    To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
    Sent: Thursday, December 6, 2007 8:02:35 AM
    Subject: Re: [Urang Sunda] ngawiki & ngablog ==SEMINAR... Lomba Keur Pemd



    Kapayun anu bakal rame sigana harga akses internet pamurah-murah kang,
    dijakarta mah tos aya anu mirah pisan namina upami teulepat FIRSTNet
    kitu asana mah sagrup sareng kabel vision harga asana mah 99 rebu anu
    paling mirah unlimit deui, ari saur rerencangan anu tos masang mah
    ngaberetek cenah aksesna ?????? tanda tanya maksadna mah teu acan
    nyobian...kitu deui dibogor anu unlimit tadinya 350.000 ayeuna janten
    200.000 rebu.......

    Mudah-mudahan akses internet bisa langkung mirah deui jeung ulah hilap
    dibarengan ku servicena nu sae.

    Baktos
    ERN

    On Dec 4, 2007 9:44 PM, MRachmat Rawyani > wrote:
    >
    > Aya beja anyar perkara akses ka internet. kamari batur
    > kuring nawaran hiji buku hargana 100 rebu, anu eusina
    > medarkeun cara nyambung ka internet, make hp, kalayan
    > heunteu "ngorowotan" pulsa hp. Aya sababaraha urang
    > anu tos ngabuktikeun cara ieu. Kahareup sigana usaha
    > akses ka internet moal pati rame.
    >
    > baktos,
    >
    > mrachmatrawyani
    > anu sok iinternetanana di kantor.



    ------------ ----
    Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it 
now. 

    Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang- Sunda.or. id

    Yahoo! Groups Links








------------------------------------------------------------------------------
  Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers 





------------------------------------------------------------------------------
  Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

   

Kirim email ke