Punten ngiring mairan. Gaya gambar kieu (kapangaruhan ku gaya komik Jepang?) kirang ngebrehkeun profil harapan sang idola. Kasep, teduh, berwibawa sareng sajabina kedah tias kagambarkeun. Kumaha upami nganggo gaya gambar nu sanes (sapertos komik Ganes Th upamina)? Naha teu aya rujukan arkeologis atanapi antropologis kanggo anggoanana?
A. Dimyati ----- Original Message ---- From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Tuesday, December 25, 2007 2:32:34 PM Subject: [Urang Sunda] Perkawis Wastu Ngobrol teh aya mung tujuhan kalebet sohibulbet Kang Abdulah Mustapa. Dina ngobrol teh teu ragot, ngaguluyur we bari sakapeung gogonjakan. Gogonjakan kolot tea seueur pikiraneunana. Kang Irfan geus sadia conto karakter Wastu dina wangun gambar, aya dua anu ditembongkeun. Enya rada pahibut teh dina warna, naha nu kumaha sabenerna warna Sunda anu dominan, maksudna anu dominan jadi lambang mangsa harita. Kang Abdulah mere beja cenah mah warna maroon, ngan inyana poho deui disebutna dina basa Sunda. Detil asesoris anu sejen keur saheulaanan disatujuan anu aya dina gambar. Saterusna keur lajuning lakuna, minggu hareup rek nyieun heula jadwal (time line) jeung jejer carita anu perlu dijadikeun cecekelan supaya teu ngalantur kamana boa, teu kaliwat ngabahas hal dukungan ti hiji kepala desa anu aya di Majalengka anu ngadeudeul kana ayana Wastu Project tea, anu dimuat dina surat Pembaca di PR poe Rebo tanggal 19 Desember 2007, lain nanaon sugan we ieu kades teh boga tutungkusan anu bisa mere gambaran Wastu, sabab dina tulisanana siga nu boga referensi, suratna biasa dibaca di http://beta. pikiran-rakyat. com/index. php?mib=beritade tail&id=5163 Sigana hiji waktu mah eta kades teh kudu ditepungan. Sakitu paguneman hal Wastu, tah ieu gambarna ditangkodkeun. Bilih we aya komentar, mangga diantos pisan. MSasmita Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

