mang maya... bae nya dikadieukeun heuheu. tinimbang serepin -- d-: ~karék cénah~
*gede wadul* *ku: uaduq* ,,bapak ceudeum teung. kumaha di batutulis?" ,,sami, mau hujan besar jigana." ,,cilaka. isukan jakarta pibanjireun yeuh. kantor banjir deui." ,,ah keun we bongan jarorok. buang sampah kamana karep." ,,enya. bari di puncak ge leuweung geus koredas. disulap jadi vila." ,,di mana-mana manusa ngaruksak jagat mah. pan cenah dunya hareeng ayeuna teh. suhuna terus nerekel." ,,bener pikahariwangeun pisan" ,,padahal nu mikiran mah teu saeutik nya?" ,,ngan euweuh gunana ting corowok ukur di konferensi2, seminar2, angger ukur ngulikbek di jero ballroom hotel bintangan. teu nepi ka leuweung sumatra, kalimantan, sulawesi, jeung papua mah" ,,tuuuuuuuuutttttt" jadol. beak. receh geus koredas. gagang hideung ditumpakeun ka cagak perak deui. digejretkeun. kumbung biru ditinggalkeun. ngincid muru warsang pentas jalan. ,,wah aya euy!" ,,naon?" ,,kancing dewa" ,,keur usum" ,,cik mang mungkus lah" ,,jeung naon?" ,,sangu dua, tongkol, jeung eta we kancing 10 bebek mah." ,,nggeus?" ,,cekap! sambelan mang. rada loba" ,,cai mungkus?" ,,oh enya. biasa we nteh. lekoh nya mang. kudu panas" incid. ngingkig deui. muru warung citrus. ,,mba roko sebungkus. sama eta tah. akua" ,,yang mana?" ,,ituh yang gelas. dua" ,,apa lagi?" ,,sudah" incid deui. mulang. datang ka kontrakan. panto pager dibuka. bus ka garasi. kalacat naek taraje. kamar kabeh nutup. malolor sugan. jetrek mukakeun konci kamar. pereket panto dibuka. bus. pereket. sorosod nulakan selot. euleuh aya nu poho. sorosod tulak diudar. gebray panto dibuka deui. lol kaluar. can kadenge sora sasaha. simpe. panto kamar sejen angger nutup. geblay muru rak piring. kop kana piring plastik pulas kayas. kop kana sendok. kop kana cangkir keramik cap chelsea. geblay deui muru panto kamar. bus diasupan. reket panto ditutupkeun. ditulakan deui ku selot. cetrek ngahurungkeun lampu. bray caang. jandela kamar dibukakeun. gek diuk luhureun bantal. piring-sendok-cangkir jeung bungkusan keresek ditunda bareng. knop power komputer diteueulkeun. guruh sora kipas prosesor awor jeung kipas vga jeung kipas-kipas sejenna. monitor ngilu dihurungkeun. kitu deui jeung speker. gap kana beubeuritan. kursor diarahkeun ka ikon buled wmp. jandelana kabuka. di libraryna diteangan kecap koil. kapanggih. klik dibuka. gembreng tembang 'kenyataan dalam dunya pantasi' kareungeu. sora si otong dipirig ku sora brangbrengbrong hitar jeung sabangsana. wmp diminimais. kursor disered ka handap ka lebah ikon fm 07. klik. bray muka. nungguan rada lila. katingali tulisan 'load last game'. klik. loading deui. nungguan deui. halah... awak malik 90 darajat ka katuhu. gap kana remote mini hi-fi. knop power-na diteueul. terus knop radio. tunning... euweuh nu rame. eureun di 103,7 fm. volume sorana dileutikan. kop kana remot tipi. knop dua. transtv. gosip. malik deui ka kenca. dina layar monitor pangluhurna katingali 'uaduq manager, fiorentina' dilalangsean bungur. der nga-fm.... samenit..... kop kana bungkusan nu tadi diteundeun gigireun monitor. cai teh dikaluarkeun. kop kana cangkir. ditunda luhureun karpet. congo plastik bungkus cai nteh digegel. cer caina dipancerkeun kana jero cangkir. pinuh teuing. leber. cai maseuhan karpet. geuwat ngarongkong bungkusan tisu nu sayaga luhureun cpu. sedot sedot ditarik aya kana genep lambarna. rada dikeupeul-keupeul. terus diteueulkeun luhureun karpet baseh. leungeun ngarongkong deui bungkusan. bungkus sangu. karet pameungkeut dibuka, kertas sangu dibeberkeun. ditunda luhureun piring. dungkukan sangu diguarkeun. bebekan kancing dewa diriungkeun sisieun sangu bareng jeung tongkol jeung sambel. caleuhak. am sangu panyocol sambel sahuap, seget satengah bebek kancing, diburu ku ciwit tongkol. leungeun kede angger ngoprek beubeuritan. leungeun katuhu keukeuh ngopepang ka sangu ka sambel ka kancing ka tongkol. panon manco ka monitor. hate kukulutus. jadol, eleh deui-eleh deui. sendok mah kapopohokeun. teu karasa. ngalimed. sangu, kancing, tongkol teu nyesa. nu nyesa ukur saucrit sambel jeung beureum-lunyuna bungbu. kari seuhah. kutap ketap keneh. ramo katuhu dilamotan. leungeun kenca dileupaskeun tina beubeuritan, ngarongkong deui tisu. dua lambar didudut. las las ngusapan bibir camerong. nagdudut deui dua lambar. dipake meresihan ramo nu lisnir kalamotan. tisu, kertas sangu dibebeskeun kana keresek. lung dialungkeun ka luar ngaliwatan jandela. ceg kana bungkus roko. puhuna dibebekeun. kop sabatang. set diseungeut. pelenyun. kop kana cangkir. regot. nepi ka koredas. geus hareuyheuy... halah bayeungyang. baku ari geus dahar teh. kaos nu dipake didudut ngaliwatan sirah. dada buligir baseuh ku kesang. jadol geuning euweuh angin. kodongkang kana kipas. knop 2 diteueul. gelebug. lumayan. kop kana akua. leguk nepi ka beak. lung plastikna dialungkeun deui liwat jandela. co deui manco ka monitor. poe eta lawan siena. cenah, di artemio franchi. managerna ti kamari geus sosoak. si ungu moal henteu bakal disasaak ku timna. ceklek 'continue' didedetkeun kursor. milih pamaen. teu lila da geus baku. ceklek deui 'continue' 'yes' 'play'... but bet dua puluh hiji titik tingserebet... pada sapuluh silih rangseg marebutkeun hiji deui. dua deui ngajentul diunggal tungtung. .... jadol eleh deui. bosen. tunduh deuih. kursor ngarah ka 'options' barabay, kursor muru panghandapna. jeklek 'quit game'. 'yes' 'yes' 'yes'..... panon ceuleuyeu. puntung belewer dialungkeun. liwat deui jandela. muru kasur. goledag. nangkarak bengkang... acara tipi dihareupeun geus ganti jadi 'jelang sore'. si agnes masih noroweco di 103.7. si otong ngagorowokkeun 'ajaran moral sesaat' nu katilu kalina. panon beuki ceuleuyeu... ---ke doya. tungtung taun.

