Rampes........., Mangga kalebet Kang Ripto, geuning urang wetan ge aya betah dipakulonan nya. Pagilinggisik urang wetan jeung urang kulon lain ngan saukur jaman modern bae sabab geus ti baheulana urang kulon sok ngetan urang wetan sok ngulon, ieu lain hal anu mustahil da perjalanan ti wetan ka kulon atawa sabalikna cuku nuturkeun indung suku bae, bubuhan atuh masih keneh saamparan lemah. Kukituna lamun aya jalma masih ngagegedekeun dikotomi wetan-kulon, sikuring sok rumahuh, humandeuar, sabab sabenerna atuh anu urang kulon atawa urang wetan teh? da dina kurun 1000 taun mah piraku teu nyampur malah bisa-bisa patukeur, urang wetan jadi urang kulon kitu deui urang kulon jadi urang wetan.
Wetan jeung kulon ngan saukur aya dina imajiner psikis wungkul, sugan he, he, he, Sok ah lajeungkeun Kang Mantri.....! Wassalam, dudi_ss can kungsi ka bungbulang mah, kakara nepi ka pameungpeuk jeung sancang sektor pangkulonna (yayasan). ----- Original Message ----- From: Silalatu Pajajaran To: [email protected] Sent: Monday, December 31, 2007 9:35 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Ngenalkeun! wilujeng ngahiji ah....' mugia urang tiasa saling raketkeun duduluran pek ah geura cacarita....diantos... ----- Original Message ---- From: eyang_bungbulang <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Monday, December 31, 2007 7:47:01 AM Subject: [Urang Sunda] Ngenalkeun! Sampurasun dulur2 sadaya. nguningakeun sim kuring wasta Suripto, kawit asli mah ti jawa wetan. mung lahir dugi ka danget ayeuna di Bungbulang Garut Kidul.. Padamelan abdi mah Kepala Sekolah di SD. Mugia diwidian ngiring pagulung catur di ieu milis. Nuhun!

