Mani asa getek yeuh, upami aya anu nyabit-nyabit taun
anyar.
Ari pikeun kuring mah, dina mapag taun anyar, aya
"fatwa" anu sederhana tapi cespleng. Nyaeta sing saha
anu hirupna poe ieu leuwih alus batan poe kamari ata
ngaranna jalma untung. Atuh nyakitu oge, lamun
kaayaanana poe isuk leuwih hade batan poe ayeuna, eta
kaasup jalma untung. Untung didieu, heunteu
samata-mata diukur ku loba lubak-libuk banda pakaya.
Contona, lamun taun kamari asup ka kantor telat wae,
nya atuh taun ieu mah diusahakeun tong telat. Lamun
taun kamari tulas tulis di KUSnet ngan skecap dua
kecap, nya atuh taun eyuna mah sing rada panjangan.
Berarti dina perkara ieu, aya aspek "perencanaan" anu
kudu jadi "blue print" pikeun ngudag hirup anu leuwih
hade. Tah, dieu, meureunan konsep anu ilahar dipake ku
urang Sunda "kumaha engke" teh, heunteu relevan deui
dilarapkeun. Atawa konsep kumaha engke teh, jigana,
nunjukkeun "handap asorna" urang Sunda anu heunteu
hayang nunjukkeun Kaagulanana. Atawa urang eusian wae
konsep "kumaha engke" teh, di dinya aya aspek
perencanaan.
baktos,
mrachmatrawyani uidipura
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?
Find them fast with Yahoo! Search.
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping