ahir desember kenging kintunan dua kardus buku (tilas) ti komunitas 1001buku jakarta. insya Allah januari ieu dikirim ke tempat pabukons. oge ka tempat pipabukoneun, di jampang sukabumi kidul pesenan teh Imas.
perkawis beasiswa kanggo barudak Kuningan tea, sihoreng ku kuwuna dibagikeun ka 20an murid. kawitna mah kanggo 10 urangeun. da ngan 50 rebu tea sasirah/bulan (transfer 500rb/bulan via bank jabar). janten 25 rebu ewang tapi kanggo 20urang barudak desa Linggajati Kuningan, lemburna kang Ndoel Teja. nya nuhun we langkung seueur nu nampina. walatra. hatur nuhun ka baraya KUSnet nu ngiring mantuan program ieu. rencana taun 2008 nya angger we kitu, nambahan buku jeung tempat pabukona tina dana nu ngumpul kintunan ti para wargi kusnet. asana, sanaos seueur cita2na, YP mah ngahanca dua program eta wae -nu tos jalan. lieur seueur2 teuing mah. bilih aya program sanes mah, mangga we ku masing2. hatur nuhun

