2010, DUA taun deui nya. Naon nu geus aya ayeuna?

On 1/3/08, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Geuning aya file ngeunaan topik ieu nu tos dikonsep  Kang Ganjar bahan
> kempelan di Hotel Santika Februari 2005 (tos ampir 3 taun!).
>
> Salam
> JP
>
> *MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  Kuring mah, "nangkep" pipikiran Ua Sasmita ieu, hiji
> ide/konsep anu perlu diapresiasi sacara sawajarna,
> tong waka disingsiuenan hese dipraktekeunana, atawa
> alesan pasti ngerepotkeun pikeun anu rek diajar
> basa/budaya Sunda sacara soson-soson.
>
> Ideu Ua Sasmita ieu, asana teh tiasa nyambung upami
> dipadungdengkeun sareng kalangan ti paguron luhur,
> sapertos jurusan Sastra Sunda Unpad atanapi UPI.
> Kuring sareng Kang Mumu ti Sastra Daerah FIB UI kungsi
> ngobrolkeun, ngayakeun kursus basa Sunda, pikeun
> peminat anu serius dina "mempelajari" basa Sunda. Hiji
> "perluasan" tina kagiatan SIMPAY.
>
> Atuh kurikulumna disiapkeun sacara terencana sareng
> terarah, siga naon anu tos dilaksanakeun di Program
> BIPA FIB UI. BIPA teh nyaeta kuliah/kursus Bahasa
> Indonesia untuk Penutur Asing. Hiji program diajar
> basa Indonesia pikeun jalma asing. Kurikulumna aya anu
> bersifat serieus aya oge anu memang kesannya
> "main-main", sapertos ngayakeun tour ka tempat wisata,
> diajar ngabatik atanapi diajar salah sahiji kasenian
> hiji daerah. Kadang-kadang para pangajarna masihan
> tugas ka para mahasiswa asing, sina nongton salah
> sahiji film/sinetron, teras dipasihan tugas ngadamel
> laporan tulisan eusi film/sinetron. Dina perkara
> diajar tatabasa, kedah hafal mati aturan-aturan
> tatabasa anubaku. Dina ahir samester, para mahasiswa
> dipiwarang ngadamel karangan dina basa Indonesia,
> kanggo ngukur kamampuan sareng penyerapan mahasiswa
> salami diajar basa Indonesia.Eusina sae sareng
> lucu-lucu. Eta karangan dibundel janten hiji buku.
>
> Sigana wae idena Ua Sasmita sapertos kitu.
>
> baktos,
>
> mrachmat uidipura.
>
> --- MSasmita <[EMAIL PROTECTED] <matsasmita%40telkom.net>> wrote:
>
> > Hatur nuhun, asupanana, wah muhunnya, tangtos
> > barudak beuki paciweuh. Ke urang ngalamun deui anu
> > langkung sae, keun we ah jadi tukang ngalamun ge.
> > Asupanana janten pertimbangan, sakali deui hatur
> > nuhun.
> >
> > MSas
>
> __________________________________________________________
> Be a better friend, newshound, and
> know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
> http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ
>
>
>
>
> Makarya Mawa Raharja
>
> ------------------------------
> Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it
> now.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ+>
>
>  
>
>

Kirim email ke