Assalmu Alaikum wr. wb.

sami2 kang, salam kenal ti abdi,

Anu diutamikeun di situs ieu aya 2 jenis kang. Kahiji teori basa sacara umum 
atanapi linguistik tea. Kadua teori basa khusus, saperti tata basa (grammar) 
misalna tata basa Inggris, Indonesia, Sunda, Perancis, Arab, sareng sajabina.

Ku eta 2 jenis teori tadi, maka aya 2 tujuan oge dieu. Kahiji kanggo khususna 
mahasiswa jurusan basa sareng umumna ka nu hoyong terang, anu meryogikeun 
referensi ttg teori basa sacara umum (linguistik). kaduana, kanggo saha2 anu 
peryogi atanapi hoyong belajar basa tertentu. Misalna hoyong belajar basa 
Sunda, tah teori na insya alloh aya di dieu. 

Tah di 2 jenis ieu, akang atanapi anu sanesna tiasa nyumbang artikel boh 
ngenaan basa sacara umum, atanapi basa khusus tadi. Sareng ulah hilap kana 
referensi. Ku sabab ieu sifatna ilmiah sareng menghormati hasil karya sejen 
maka referensi mutlak diperyogikeun.

Ieu situs na masih tahap pengembangan. Kritik sareng saran mangga dikintun ka 
email abdi atanapi ym : [EMAIL PROTECTED]

Harur nuhun kang,

wassalam

 
Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               
Waalaikum salam,
 
 Kacida sae pisan tos aya taratas kanggo distance lerning ngeunaan basa.
 
 Bade tumaros husus ngeunaan tatabasa Sunda, di luar undak usuk basa, naha anu 
bade di-upload teh seratan mangrupi talaah pribadi atanapi bag-bagan anu tos 
aya sapertos anu diserat dina buku Galuring Basa Sunda (Budi Rahayu 
Tamsah/Pustaka Setia/1996) sareng buku tatabasa sanesna?
 
 Hatur nuhun,
 Aschev
 
 



                  

       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

Kirim email ke