"Kursus kabudayaan Sunda"? tah ieu yeuh nu satuju teh, prung!, dur panjak!, didukung pisan, ngan pribados mah geus aki-aki kana moal bisa jadi pamilon nya? keun bae der kadinya nu ngarora! Wassalam Pun Eman
----- Pesan Asli ---- Dari: Bagjabinekas <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Terkirim: Rabu, 2 Januari, 2008 11:34:47 Topik: [Urang Sunda] Re: Lamun....ieu mah ngalamun. sae Ua.. bade iraha diayakeunana? ngan mun abi jadi pamilonna teu kaci da nya..? :) !ipup! --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, "MSasmita" <matsasmita@ ...> wrote: > > Lamun kuring nyieun hiji bewara dina media masa citak atawa elektronik, nya kaasup dina internet, judul bewara teh : "KURSUS KABUDAYAAN SUNDA". Ngan ieu kursus teh lain kursus siga indoktrinasi (murid dariuk ngadengekeun ngocoblakna budayawan), tapi leuwih nyoko kana penugasan-penugasan anu geus dirancang samemehna jeung sifatna leuwih ka online, jeung anu ngilu kana kursus ge diwatesanan misalna ngan keur barudak SMA jeung mahasiswa, padumukanana anu nyebar di unggal kota. Pangna online teh tangtuna leuwih ngagampangkeun tibatan kudu ngumpul, bengkung ngariung bongkok ngaronyok. > Anu rek ngilu teh aya seleksi heula, seleksina mah teu kudu hese nyaeta ngaliwatan pooling jeung penugasan. > Poolingna kira-kira siga kieu : (duka teuing ieu teh bisa disebut pooling atawa hanteu..?!) > 1. Kunaon pangna ngarasa jadi urang Sunda : > a. Turunan > b. Pedah padumukan > c. Mikanyaah ka sarakan > d........... .......(alesan sejen) > 2. Mana buku basa Sunda nu rek dipilih pikeun dibaca pangheulana : > a. Rusdi Jeung Misnem, karangan AC Denik jeung R.Djajadiredja. > b. Kanjutkundang kumpulan carpon nu dikumpulkeun ku Ajip Rosidi. > c. Jurig, novelet karya Tini Kartini > d. Si Kabayan > e. ........... (pilihan sejen) > 3. Kumaha Tatar Sunda ayeuna > a. Sareukseuk. > b. Amburadul > c. Ngemploh hejo > d. ............ (pilihan sejen) > 4. Kumaha ari urang Sunda > a. Ceuk urang Sunda > b. Ceuk lain urang Sunda > c. ............ .....(pilihan sejen) > (Pertanyaan no 4 mah sigana keur tahap satuluyna) > > 5. .........( he he....can aya eung...sok ah bisi bade nambahan). > > Tina hasil pooling ieu satuluyna bisa milih saha anu pangheulana dibere kasempetan jadi pamilon kursus, pangna diseleksi kieu teh bisi loba anu ngiluan sabab tangtu kudu kageroh, lamun loba teuing bisi tambuh laku, lobana bisa bae ngan saukur 40 jalma keu angkatan munggaran. > Sanggeus kapilih tuluy aya penugasan diantarana siga kieu : > 1. Teangan di kulawarga nepi ka tingkat buyut atawa aki/nini (adi, lanceuk, emang, bibi, alo, suan, nini, aki, buyut) anu pangonjoyna dina hal kasundaan, tuliskeun dina tulisan anu panjangna minimal 4500 karakter jeung dijelaskeun kasundaan anu dimaksud teh hal naon, naha sajarah, musik, etika, estetika, usaha atawa nu sejenna ngeunaan kasundaan. Tulisan anu pangalusna dibere panghargaan, tulisan anu sejen oge diajen tur dibere pengertian hal kasundaan, tahap ieu geus mimiti digeroh. > 2. Teangan di lingkunganana/ tatangga sa RW anu pangonjoyna dina hal kasundaan, satulyna sarua kudu dijieun tulisan. > Saterusna asup kana tahap anu leuwih hese tur selektif. > Dina ieu kursus ge kudu aya gawe bareng jeung media keur saheulaanan mah jeung media tulis heula, supaya lamun aya tulisan anu alus bisa direkomendasikeun bisa dimuat. Memang nyieun kursus siga kieu teh teu bisa lalawora, nyieun pooling ge kudu ngalibetkeun ahli statistik, psikolog, jeung kaelmuan sejen supaya hasilna leuwih konferensif ceuk legegna mah. > Jadi kursus teh bener hal kabudayaan tapi rek dipakaitkeun jeung jurnalistik, anu emprona mah supaya aya kaahlian bari bisa tulas tulis. Nu jadi kasang tukangna budaya lokal teh sumber kakuatan budaya sagemblengna tur di Jabar ge apan mindeng aya kagiatan budaya tapi disisi dokumentasi masih lemah, biasana disebut dokumentasi teh ngan ukur jadi video, atawa foto, ari hal tulisan mah asa arang langka keneh, komo bari jeung tulisan teh dipublikasikeun mah jauh keneh. Geuning dina hiji kapinitiaan oge sok aya seksi dokumentasi tapi nyakitu ngan saukur foto atawa shuting video. > Tangtu hasil tina ieu kursus teh kudu bisa jadi lahan keur pangupajiwa pamilon, anu dibekelan harti kabudayaan lokal lain nu heureut tapi anu lega salega-legana. > Geus ah sakitu we heula da ngaranna ge ngalamun, ngalamun tea atuh bati tina ngahuleng jeung ngobrol papada balad, anu saliwatan mah pan ngobrol ge sok sabulangbentor. Anggap we ieu ge kitu. > > MSasmita > <!-- #ygrp-mkp{ border:1px solid #d8d8d8;font-family:Arial;margin:14px 0px;padding:0px 14px;} #ygrp-mkp hr{ border:1px solid #d8d8d8;} #ygrp-mkp #hd{ color:#628c2a;font-size:85%;font-weight:bold;line-height:122%;margin:10px 0px;} #ygrp-mkp #ads{ margin-bottom:10px;} #ygrp-mkp .ad{ padding:0 0;} #ygrp-mkp .ad a{ color:#0000ff;text-decoration:none;} --> <!-- #ygrp-sponsor #ygrp-lc{ font-family:Arial;} #ygrp-sponsor #ygrp-lc #hd{ margin:10px 0px;font-weight:bold;font-size:78%;line-height:122%;} #ygrp-sponsor #ygrp-lc .ad{ margin-bottom:10px;padding:0 0;} --> <!-- #ygrp-mlmsg {font-size:13px;font-family:arial, helvetica, clean, sans-serif;} #ygrp-mlmsg table {font-size:inherit;font:100%;} #ygrp-mlmsg select, input, textarea {font:99% arial, helvetica, clean, sans-serif;} #ygrp-mlmsg pre, code {font:115% monospace;} #ygrp-mlmsg * {line-height:1.22em;} #ygrp-text{ font-family:Georgia; } #ygrp-text p{ margin:0 0 1em 0;} #ygrp-tpmsgs{ font-family:Arial; clear:both;} #ygrp-vitnav{ padding-top:10px;font-family:Verdana;font-size:77%;margin:0;} #ygrp-vitnav a{ padding:0 1px;} #ygrp-actbar{ clear:both;margin:25px 0;white-space:nowrap;color:#666;text-align:right;} #ygrp-actbar .left{ float:left;white-space:nowrap;} .bld{font-weight:bold;} #ygrp-grft{ font-family:Verdana;font-size:77%;padding:15px 0;} #ygrp-ft{ font-family:verdana;font-size:77%;border-top:1px solid #666; padding:5px 0; } #ygrp-mlmsg #logo{ padding-bottom:10px;} #ygrp-vital{ background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;padding:2px 0 8px 8px;} #ygrp-vital #vithd{ font-size:77%;font-family:Verdana;font-weight:bold;color:#333;text-transform:uppercase;} #ygrp-vital ul{ padding:0;margin:2px 0;} #ygrp-vital ul li{ list-style-type:none;clear:both;border:1px solid #e0ecee; } #ygrp-vital ul li .ct{ font-weight:bold;color:#ff7900;float:right;width:2em;text-align:right;padding-right:.5em;} #ygrp-vital ul li .cat{ font-weight:bold;} #ygrp-vital a{ text-decoration:none;} #ygrp-vital a:hover{ text-decoration:underline;} #ygrp-sponsor #hd{ color:#999;font-size:77%;} #ygrp-sponsor #ov{ padding:6px 13px;background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;} #ygrp-sponsor #ov ul{ padding:0 0 0 8px;margin:0;} #ygrp-sponsor #ov li{ list-style-type:square;padding:6px 0;font-size:77%;} #ygrp-sponsor #ov li a{ text-decoration:none;font-size:130%;} #ygrp-sponsor #nc{ background-color:#eee;margin-bottom:20px;padding:0 8px;} #ygrp-sponsor .ad{ padding:8px 0;} #ygrp-sponsor .ad #hd1{ font-family:Arial;font-weight:bold;color:#628c2a;font-size:100%;line-height:122%;} #ygrp-sponsor .ad a{ text-decoration:none;} #ygrp-sponsor .ad a:hover{ text-decoration:underline;} #ygrp-sponsor .ad p{ margin:0;} o{font-size:0;} .MsoNormal{ margin:0 0 0 0;} #ygrp-text tt{ font-size:120%;} blockquote{margin:0 0 0 4px;} .replbq{margin:4;} --> ________________________________________________________ Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

