Bapak kuring saatos pangsiun ti PNS diciamis kurang luewih taun 1994
teh teras we muka wawarungan dibumi icalan kabutuhan sapopoe sareng
minyak tanah. Ari kana icalan kabutuhan sapopoe mah cenah kirang sae
da teu tebih tibumi teh aya pasar ciamis teu tebih ti RS ciamis, anu
rada majeng mah kana minyak tanah malihan mah tos dipercanten janten
agen minyak tanah kitu deui tiasa muka lowongan padamelan kanggo
penduduk sekitar aya oge urang jawa anu ngiringan icalan minya tanah
keliling. Saprak aya kawijakan konpersi minyak ka gas he
he.....bangkrut cenah da hese minyak tanahna oge kitu deui padamel
minyak kelilingna anu tebih mah marulih kakampungna sewang-sewangan.

baktos
ERN

On 1/4/08, Tata Noers <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>

> Dina Gala poe ieu ( jumaah 4 Jan 2008 )  aya judul
>  berita
>
>  Danny, "Gas Diterima, Minyak Tanah Hayang"
>
>  Enya ari rakyat leutik mah teu pira , tapi pan
>  maranehna mah ( najan teu kabeh pejabat )
>
>  " Gajih (gede) ditarima, Duit sampingan (korupsi )
>  Hayang "
>
>  bari teu kudu ngantri panjang , kapanasan, kahujanan.

Kirim email ke