Wilujeng Kang Fauzan!
akang tos wantun , ngawujudkeun impian ngabangun "Gedong Luhur Pisan", sok
sanaos nembe ngalelemah. Sambung du'a.
sonirosa
www.bolotot.com
----- Original Message -----
From: Fauzan
To: [EMAIL PROTECTED] ; [email protected] ; [EMAIL PROTECTED]
Sent: Sunday, January 06, 2008 2:59 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Bls: [kisunda] Artikel Tata Basa Sunda
Assalmu Alaikum
Hatur Nuhun kang Eman tos noong ka bumi.
Ah, tiasa wae, ari bumi sareng samak na mah tos aya. Mung jalmi teu acan
araya, maklum bumi enggal.
Sareng parabot na masih teu acan seueur, nembe hiji eta ge. Ieu ge ngantosan
anu ngaramekeun. Teu aya opieun (reward) kanggo penulis na meureun nya kang.
Maklum weh bumi na disayogikeun kanggo para relawan anu gaduh elmu dina bidang
bahasa. Anu namina relawan tea, teu disuguhan, mung disuhunkeun amalna.
Punten, abdi nyuhunkeun kritik sareng saran na, ambeh seueur relawan anu
nulis artikel d ieu bumi.
Hatur nhun kang,
Wassalam.
Eman Suherman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tos ditoong, tapi geuning tiiseun keneh, teu acan ngampar samak-samak acan,
nuju kamarana pribumi yeuh?
----- Pesan Asli ----
Dari: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [EMAIL PROTECTED]; [email protected]
Terkirim: Kamis, 3 Januari, 2008 9:45:55
Topik: Re: [kisunda] Artikel Tata Basa Sunda
Waalaikum salam,
Kacida sae pisan tos aya taratas kanggo distance lerning ngeunaan basa.
Bade tumaros husus ngeunaan tatabasa Sunda, di luar undak usuk basa, naha
anu bade di-upload teh seratan mangrupi talaah pribadi atanapi bag-bagan anu
tos aya sapertos anu diserat dina buku Galuring Basa Sunda (Budi Rahayu
Tamsah/Pustaka Setia/1996) sareng buku tatabasa sanesna?
Hatur nuhun,
Aschev
------------------------------------------------------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.