:) hihi kahesean ngafahkeun islam pernah kaalaman ku kuring. tapi can nepi kana tataran pikiran jeung tingkahpolah mah. ieu mah karek 'penampakan' keneh. baheula pernah meunang beja cenah salah sahiji ciri muslim teh miara janggot. jumlah lambaran janggot sarua jeung jumlah widadari nu engke bakal maturan di sawarga, emboh eta beja. beu, cekna pikir... kumaha carana? sedeng beungeut teu gaduh turunan rambesbos ku bulu. meuli minyak arab teu boga duit. nya ngadamel we ramuan karuhun... beuleum muncang dicampur minyak keletik. alhamdulillah... keukeuh nu jadi ukur sababaraha lambar :)
kuring ge sok ngalamun... kumaha carana islamna kafah sundana kafah heuheu... kendang penca diaku-aku kesenian islami, sahenteuna islam nyunda. tong ukur ben kepret wungkul nu disebut kasenian islam teh heuheu... -- d ayeuna miara deui janggot... meh teu disebut wae mba dina angkot heuheu On Jan 8, 2008 2:33 PM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tapi tetep wae..hese...kunaon ? Kulantaran dina konstelasi Islam ayeuna > kinen2 aya 300 aliran pamahaman Islam (sanes aliran sesat). Tah eta masing2 > aliran teh nganggap maranehna teh "kaffah" atawa "pangkaffahna". padahal > ceuk Hadist Nabi urang cenah Islam teh bakal aya 72 golongan...Di Amrik > golongan pendatang aya anu ngadirikeun GI (Genuine Islam) asal > Pakistan...tapi rada ngagabungkeun jeung Sosalisme..siga anu keur ngetrend > di Mesir...(Mahmoud Syaltut...Hasan Hanafi..jrrd). > > On 1/8/08, dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > bah... perkara ngarabisme kamari kungsi ngalamun (ah ketang boa batur > > mah geus kapikiran ti baheula hehe) jigana eta teh sabab aya ayat nu nyebut > > 'berislamlah kamu secara kafah'... islam nu sampurna geus tangtu kudu mawa > > pernak pernik asalna > > > > d > > hampuraeun > > > > ___ > -- d-: ~karék cénah~

