Hebat euy....(boa2 tiasa lebet gines buk op rekored) kang pami wargi kusnet hoyong janten pamilon kumaha carana? hatur nuhun.
sonirosa www.bolotot.com ----- Original Message ----- From: Ganjar Kurnia To: [email protected] ; kisunda Sent: Tuesday, January 08, 2008 1:41 PM Subject: [Urang Sunda] Pasanggiri Tarucing Cakra Dina Raraga Mieling Basa Indung Dulur-dulu saalam dunya. Dina raraga mieling basa Indung, Unpad gawe bareng sareng PPSS baris nagayakeun acara "Pasanggiri Tarucing Cakra" (Ngeusian TTS) basa Sunda dina komputer. Kaping 21 Februari 2008 ngawitan tabuh 9 di Aula Unpad; Jl. Dipati Ukur 35. Jalaran kawatesan ku jumlah komputer, samentawis pamilon diwatesanan mung 50 regu (saregu maksimal duaan -- bilih aya anu ngartos basa sunda tapi teu taram-taram kana komputer). Tehnik pasanggiri, unggal regu disadiakeun komputer. Janten ngawaler Tarucing Cakra teh dina komputer (supados tiasa katohyan harita keneh, saha anu ngawaler pangenggalna kalayan bener). Ieu kagiatan sigana mah anu munggaran saalam dunya: Pasanggiri, Ngeusian Tarucing rampak dina hiji tempat dina hiji waktos ku basa sunda deuih. Mudah-mudahan ieu acara tiasa langkung ngahudangkeun kanyaan kana basa indung -- bari jeung teu tinggaleun teknologi. Hadiahna, Insya Alloh nugemakeun. Wass. ------------------------------------------------------------------------------ Ne gardez plus qu'une seule adresse mail ! Copiez vos mails vers Yahoo! Mail

