nuhun teh Roro, sok lah diantos hasil scan-na. hehehe.

nuhun,
mh

On 1/8/08, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Bagea MH….
> Sae tah ideu the Mang…kacipta macakeun dongeng jiga Mang Jaya tea… sora
> istri, pameget, murangkalih, jurig, sato..srrd... dibacakeun ku saurang
> heheh…
>
> Hapunten… rumaos tos ngaluli-luli pamundut salira… numawi kapegat ku
> seueur pere, teras seueur padamelan…maklum taun enggal. InsyaAllah ku abdi
> bade dikawitan, nuju milarian software OCR-na kanggo nyeken, meh teu ngetik
> deui. :)
> salam,
> ro2.
>
> >>> [EMAIL PROTECTED] 01/08/08 03:20PM >>>
>
> Baraya sajagat maya, dina raraga mapag poe "basa indung", urang nyieun
> pasanggiri maca carpon basa Sunda yu!
>
> Kumaha carana? Carana urang make sumanegt, ti urang, ku urang, keur
> balarea.
>
> Kieu geura: Ieu rencana teh saenyana geus rada lila dipikiran.
> Panungtung, bulan tukang, menta tulung ka Teh Roro, menta
> pangnyadiakeun transkripsi carpon basa Sunda. Duka tos nepi kamana
> tah. Sugan we dikeureuyeuh.
>
> Ieu pasanggiri, urang jieun khas model Kusnet. Carana kieu: Pamilon
> milih hiji carpon nu geus disadiakeun samemehna. Terus pamilon
> ngarekam bacaanana kana format digital (contona: mp3). Hasil rekaman
> kirimkeun ka tukang ngumpulkeun atawa upload ka situs pribadi
> masing-masing, terus bejaan ka tukang ngumpulkeun, dimana eta file
> disimpenna.
>
> Kumaha cara nganilaina? Jigana kriteriana tong rumit teuing, ukuranana
> cukup ku ngeunah jeung merenah didengena. Saha nu nganilaina?
> Nganilaina, ngarah demokratis jeung haratis, urang nilai we ku
> sarerea, make pooling online. Meureun perlu sababaraha tahapan proses
> nganilaina, bisa jadi aya sababaraha hambalan.
>
> Naon hadiahna? Hadiahna engke we urang dongengkeun deui. Sugan we aya
> donatur nu haat nyadiakeun hadiah, atawa aya lembaga nu daek ngaleler
> hadiah.
>
> salam,
> mh
>
>  
>

Kirim email ke