Ciganamah perkawis yuswa teu diwatesan,kitu oge nyandak kamus... meureun...hehe..(nu puguh mah pami peryogi kamus aya di "warung-buku bolotot" http://www.bolotot.com/warung/warung.html, promosi yeus longok nya teh..)
naging sanaos teh Roro hibi tetees, ari ceuk kuring mah anu janten pamilon ti kusnet keun wae:. Regu1. Kang eko, Kang Dudi, Kang Rachmat, Kuring. Regu2..... Regu3..... Teh Roro mah janten Kapten Cirlider wae nya..he... (banyol) Perkawis Hebat... aya nu langkungf hebat teh.. nya eta Pangleler Hadiah Hardjapamekas, naon hebatna? Kang Erry Riyana Hardjapamekas jelas hebat, Ngajenanan/ngapresiasi guru basa sunda, puguh atuh hebat. tapi nu ceuk kuring hebat pisan mah Uleman Kangge Ngaluuhan eta acara cobi ilikan: "Pamasrahan Hadiah Hardjapamekas", Dinten Minggu, Kaping 13-Januari-2008, Jam 10.00-12.00 WIB, di Bali Pertemuan UPI, Jl. Seiabudi 229, Bandung 40154. Jam 10.00-12.00 WIB, tah ieu teh anu ceuk kuring hebat pisan mah "Waktuna Jelas" jam 10.00-12.00 WIB (2 jam) hebat pisan bener2 ngahargaan waktu, urang tarurutan yu...( da ceuk beja mah Amerika "maju" oge sanggeus "pormat waktu" undangan rapat di gedong bodas di robah tina "jam saanu dugi ka rengse" janten "jam saanu dugi ka jam sanu" he..he..). Janten pasanggiri TTS Kang Ganjar teh nembe Hebat, teu acan Hebat Pisan, urang antos wae impo salajengna ti Kang Ganjar, ari kuring mah yakin pasti "Hebat Pisan". pan janten nambihan deui tah urang sunda nu Hebat Pisan. Janten Urang sunda Hararebat pisan. kumaha ari kuring ......"Hebrat Prisan" he..he.... wilujeng mapag taun anyar Hijiriyah 1249. baktos sonirosa www.bolotot.com ----- Original Message ----- From: Roro Rohmah To: [email protected] Sent: Wednesday, January 09, 2008 11:42 AM Subject: [Urang Sunda] Re : Pasanggiri Tarucing Cakra Dina Raraga Mieling Basa Indung Sapuk Kang Soni! Hebadhlah..Kang Ganjar. Muhun, kumaha cara ngiringanana nya? Diwatesan yuswana? hususon pelajar & mahasiswa? Atanapi kanggo umum ge tiasa?... Abdi ge hobi ngeusian TTS, Alhamdulillah tara kalebetan sadayana . ari tos teu kaemutan teh sok dipaksakeun saaya-aya, janten pinuh pan?... hehehe. Jigana pami "beregu" mah tiasa silih bantosan, gampil bin tereh. Jiga scrable, mmmm. kaci teu nyandak kamus?... hihihi. ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 01/08/08 06:47PM >>> Hebat euy....(boa2 tiasa lebet gines buk op rekored) kang pami wargi kusnet hoyong janten pamilon kumaha carana? hatur nuhun. sonirosa www.bolotot.com ----- Original Message ----- From: Ganjar Kurnia To: [email protected] ; kisunda Sent: Tuesday, January 08, 2008 1:41 PM Subject: [Urang Sunda] Pasanggiri Tarucing Cakra Dina Raraga Mieling Basa Indung Dulur-dulu saalam dunya. Dina raraga mieling basa Indung, Unpad gawe bareng sareng PPSS baris nagayakeun acara "Pasanggiri Tarucing Cakra" (Ngeusian TTS) basa Sunda dina komputer. Kaping 21 Februari 2008 ngawitan tabuh 9 di Aula Unpad; Jl. Dipati Ukur 35. Jalaran kawatesan ku jumlah komputer, samentawis pamilon diwatesanan mung 50 regu (saregu maksimal duaan -- bilih aya anu ngartos basa sunda tapi teu taram-taram kana komputer). Tehnik pasanggiri, unggal regu disadiakeun komputer. Janten ngawaler Tarucing Cakra teh dina komputer (supados tiasa katohyan harita keneh, saha anu ngawaler pangenggalna kalayan bener). Ieu kagiatan sigana mah anu munggaran saalam dunya: Pasanggiri, Ngeusian Tarucing rampak dina hiji tempat dina hiji waktos ku basa sunda deuih. Mudah-mudahan ieu acara tiasa langkung ngahudangkeun kanyaan kana basa indung -- bari jeung teu tinggaleun teknologi. Hadiahna, Insya Alloh nugemakeun. Wass.

