Mapag Taun Hijrah...
Ku : Mang Maya.
Saban taun nanggalan 1 hijriah geus mindeng kapanggih, tanggal hiji
deui...tanggal hiji deui.... sanajan cek tadi waktu mah teu bisa dibalikan
deui...tanggal hiji hijriah ayeuna, beda jeung tanggal hiji hijriah taun
kamari. Tong boro kitu detik jeung menit anu ayeuna keur kalampahan ku urang
pasti moal kalampahan jeung moal bisa disaruakeun kana detik menit anu kaliwat
poe kamari komo taun kamari.
Kukituna munasabah lamun urang seug reureuh sakeudeung ngaragap jeung
ngarampa diri kana lalakon jeung lalampahan anu geus kaliwat (nginjeum basa
urang arab mah cenah : "muhasabah"), nyaliksik tur nalek diri geus tepi kamana
jeung kumaha tepi poe ieu teh...katut "rek kumaha" nantukeun lampah poe isuk?.
Patalekan anu bisa ditujukeun ka diri minangka pribadi sajati anu mandiri, boh
patalekan anu bisa ditujukeun kana beungkeutan diri-diri anu boga pamaksudan
jeung pangharepan sarua, dina conto ieu misalna : KUSNET .... saha kusnet?
timana? rek kamana? keur kumaha? rek kumaha? ....
Hijrah, conto ti nabi anu kacida pinuh ku ajen jeung wiwaha. kecap "pindah"
anu mibanda harti kacida legana tur dina harti anu alus (hade). Kade di urang
sunda aya paribasa anu goreng hartina nyaeta : "pindah cai, pindah
pileumpangan"...(ieu paribasa biasana keur nuduhkeun kalakuan goreng)... tah
hijrah anu dimaksud ku nabi mah jauh tina harti “pindah cai, pindah
pileumpangan”… hijrah anu bener di contokeun ku nabi lain hijrah anu pindah
bari mohokeun sajatina diri...lain pindah anu ninggalekun sajatina diri....
tapi pindahna nabi pindahna jelma nu apal kana dirina… pindahna nabi pindana
jelma anu angger dina tatapakan dirina….
Lain pindah cai pindah pileumpangan, sabab anu kieu pindahna jelma anu geus
mopohokeun ka dirina anu sajati, pindahna jelma anu poekeun. Nginjeum istilah
kang Gibson : “Tidak menjadi diri sendiri, bahkan tidak sadar kalo dirinya
menjadi orang lain”
ARE YOU READY kanggo HIJRAH ???
Maya Suara.
www.salakadomas.multiply.com
www.mayasuara.blogspot.com
www.kusnet.ning.com
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
Answers