Aduh teh, abdi janten isin. Seratan abdi mah teu acan aya nanaon na, mung
ngedalkeun perasaan sareng emosi hungkul. Daripada emosi di lapang sareng rada
anarkis, mendingan jojorowokan di situs. Masih tebih sareng seratan teteh anu
tos berbentuk buku. ;)
Eta oge pernah aya anu protes, upami wani mah cenah ulah wani gogorowokan di
situs hungkul, di lapang weh sakalian, cenah. Ah, ku abdi teu didangu, da
bobotoh sajati mungguh abdi mah teu kedah hadir secara fisik wae di lapang pas
Persib maen. Tatapi bobotoh anu tetap mika cinta ka persib di mana wae anjeuna
aya, sareng ngadukung Persib sacara positif.
Salut abdi ka bobotoh luar negri , anu sanajan teu tiasa ngabobotohan langsung,
tapi tetep ningal perkembangan Persib.
Perkawis persipura, saurna Boaz Solossa tos tiasa maen. Tos 6 sasih teu maen
kusabab cedera. Mudah2an finalna final anu bermutu, lumayan kanggo hiburan,
sareng picontoeun.
Sakali deui abdi ngahaturkeun nuhun ka teteh sareng kang Wayne, mugi2 dipasihan
rizki anu leuwih seueur, Amin.
Nb : alamat bumi, abdi kintun via japri.,
Wassalam
nenendianti <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kang
Fauzan, abdi bade masihan buku karangan abdi nyalira nembean
selesai "Soccer With Love", tos nyarios ka Wayne, dengan pertimbangan
kang Fauzan ngiring memeriahkan Persib, bahkan sanes Persib wungkul
tapi aktif memeriahkan persepakbolaan dilembur, buktina ngadamel web
site kanggo fan persib go-persib.com. Sareng aktif ngadamel
artikel-artikel tentang persepakbolaan dilembur. Atuh tetep bersuara
ngajaga perdamaian antara bobotoh, tapi hanjakalna masih aya bobotoh
anu urakan teu puguh, di Inggris oge seueur holigan ngamuk.
Ngan abdi nyuhunkeun alamat lengkap + kode pos. Emailkeun alamat kang
Fauzan kaabdi.
Leres pamaen persipura is the best team for now, unggul disagala
posisi (bakat besar, tekik, fisik) ngan hanjakal teu gaduh lapangan
bola anu sae, abdi mah dukung Persipura juara copa taun ini :>>
Lamun abdi jadi pelatihna tim Indonesia mah pastina oge milih pamaen
Papua sadaya, ups.. sanes racism he..he..he..
Nn
__._,
---------------------------------
Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.