> From: solihin yusuf
> Kasus2 nu aya di mancangara di Pakistan jeung di Amerika jadi pieuteungeun 
> urang sadayana.
> Ulama memang ngagaduhan wewenang ngaluarkeun fatwa da boga elmuna. Kitu 
> deui Ustadz M. Syamsi Ali gaduh hujjah pikeun pamadeganana.

Satuju Kang, leres pisan ulama gaduh hujjah pikeun pamandeganana. Tapi 
sanajan kitu, Pa Ustadz tetep aya di Amerika, malah geus belasan taun, 
tangtos teu terang pisan situasi sabenerna di Indonesia. Anjeunna rada 
"menyederhanakeun" masalah nu aya di Indonesia, saperti nyebatkeun aliran 
kepercayaan/ kabatianan teu jadi masalah di Indonesia, kulantaran teu ngaku 
Islam. Naha leres kitu? Aya sababaraha fakta nu nunjukkeun kungsi aya 
kaheurasan ka panganut aliran kapercayaan ti kaum mayoritas, saperti 
kajadian di Bandung kidul di taun 1950'an (Ieu tiasa ditingali dina buku 
"Kabatinan Sunda", desertasina dosen UIN Sunan Gunung Jati di UI). Di tempat 
asal Pak Ustadz oge, di Sulsel, kaheurasan ka "kaum adat" kungsi kajadian, 
pangpangna waktu jaman DI/TII Kahar Muzakar. Contona "dukun banci" Bugis nu 
disebut Bissu, ampir tumpur, kulantaran diparaehan.

Jadi, urang oge, kudu ngarti oge ka kaum ulama nu ngabelaan Akhmadyah, sabab 
aranjeunna  pasti nempo sajarah, kasieuneun kajadian "kaheurasan" kaulang 
deui. Lamun geus kitu pan euweuh nu untung,  ngan saukur "dendam" weh 
diwariskeun tujuh-turunan. Tadina kuring ngaharepkeun Pak Ustadz Syamsi Ali 
mere conto di Amerika, tempat anjeunna nganjrek, kumaha carana nagara 
Amerika nu prural "ngelola" masyarkatna ulah tigubrus kana masalah beda 
kayakinan. Contona di Amerika  di abad ka 19 lahir sekte Kristen nu disebut 
Kristen Mormon. Tanggtu we urang Kristen sejenna nu mayoritas di Amerika, 
nganggap sekte Mormon teh "sesat" (Mormon boga Nabi sorangan jeung 
dimeunangkeun loba pamajikan rea pisan). Tapi kulantaran hukum di Amerika 
kuat pisan, kajadian samodel di urang teu kajadian. Urang Mormon, sarua 
warga nagara Amerika, kudu dilindungi, tapi tetep kudu patuh ka hukum 
Amerika ....lamun nyoba-nyoba nyandung, bisa dihukum taunan.

Sikep tegas pamarentah Amerika oge ditunjukkeun, waktu saenggeusna kajadian 
WTC di New York. Loba urang Amerika nu nyalahkeun panganut Islam di Amerika. 
Malah aya sabagean nu boga niat nyerebu, ngarogahala jeung ngarusak masjid. 
Tapi pulisi Amerika langsung ngajaga komunitas urang Muslim. Kungsi dina TV 
ditempokeun kumaha pulisi ngajaraga komunitas Muslim. Waktu ditanya tepi ka 
iraha maranehna ngajaga komunitas mulsim, para pulisi teh ngajawab kalawan 
tegas: tepi ka euweuh ancaman deui, sabab maranehna (urang Muslim) sarua 
warga nagara Amerika Serikat.

Tapi kuring acan ka Amerika,  nu kantos atawa nu ayeuna nganjrek di Amerika, 
tangtos langkung terang, komo meureun pak Ustadz Syamsi Ali mah. Kahayang 
teh ulah nyandak conto Pakistan, sabab sakali deui, cilaka .....eta nagara 
teh ampir jadi "nagara gagal", masyarakatna kabeulah-beulah ku sekte agama 
jeung etnik. Paralun teuing di nagara urang mah, kuring mah ukur hayang 
hirup tengtrem ............

Baktos,
WALUYA




Kirim email ke