Biasa kang Soni bolotot mah ari batur aya kahayang teh sok ditalek nu
kararituna. Visi misi tea. Heuheu

Kang Soni bolototdotkom memang urang priangan timur, leuwih timur ti si
kuring. Lemburna tempat baheula Prabu Dimuntur-tandana aya walungan
Cimuntur. malah aya keneh ngaran desa nu ngaharib-harib ka  ngaran karajaan
baheula. Kertabumi.

 

hade tah aya komunitas Priangan Timur.  Pritim teh mana bae? Ciamis tasik
garut? Baheula sok disebut GTC ku si kuring, surili galuh. Heuheu.

Meureun make modal sajarah karesidenan baheula nya.

Cirebon ngawengku kuningan, indramayu majalengka (tah modal pikeun propinsi)

 

Eta make Asli sagala. Kudu peripikasi heula atuh asli heunteuna. Nu asli
urang galuh mah da sigana dina dna-na aya tanda surili. Duka tah urang tasik
jeung garut. Boa urang garut mah baroga tato gambar gunung cikuray nya.
heuheu.

 

Ieu jawaban sakahayang:

1.      maksad jeung tujuan, nya meureun kitu we, siga nu biasa. (boa
tungtungna hayang jadi propinsi sorangan). 
2.      cigana (da asa make S euy, sigana), di galuh mah ku onom we, da
urang mah pakepuk ku caricing tea. heuheu

 

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of sonirosa
Sent: Saturday, January 12, 2008 4:01 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Ngiring ngauningakeun KMA Pritim

 

Haturan kang Rony

haturnuhun impormasina, kuring oge kabita.

kukituna nyuhunkeun impormasi anu leuwih eces.

 

1. maksad + tujuan diayakeun KMA Priangan Timur.

2. saha anu ngokolakeun KMA Priangan Timur, tos dugi kamana tapak lacakna.

hatur nuhun

baktos sonirosa

www.bolotot.com

 

----- 

Kirim email ke