Kang soni ieu mah mung usul pami tiasa mah www.bolotot.com kapayuna
tambihan ku persi bahasa sanesna tap tetep kaca nu utami mah bahasa
sunda. Saha nu terang aya nu salian urang sunda hoyong diajar bahsa
sunda ngalangkungan game nu kuakang nuju digarap.

baktos
ern

On 1/11/08, sonirosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>
> AYA JALAN KOMO MEUNTAS.
>
> Haturan Kang Rachmat, mugi aya dina kasehatan  sareng kabingahan manah.
> Sapertos paribasa diluhur, pas akang nyabit-nyabit  perkawis "game Jeknyeh", 
> meni asa mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas  sim kuring teh, nya 
> muhun bade ngadongeng perkawis "game" di www.bolotot.com. peryogi diuninga ku 
> akang aya  "game" nu tos kaetang mindeng dilongokan ku baraya urang sunda, 
> nyaeta game  "Robot Bonteng W 0.3 "_ 
> http://www.bolotot.com/games/bonteng/bonteng_berseka.html (dilongok  kinten2 
> 40x dina waktos sasasih). Diantawisna aya Kang Emod, Ujang Carkiwa,  Goher, 
> Aing jrrd. malihan mah aya nu ngusulkeun sangkan aya "hadiahna" BTN Type  70 
> cenah, he..he.... Kukituna www.bolotot.com boga paniatan satelat-telatna  
> bulan April 2008 game "Robot Bonteng W 0.3" baris aya hadiahna. Hadiahna  
> Naon..he..he..masih dirusiahkeun.
> Kuring bingah pisan pami akang kersa ilubiung di www.bolotot.com, cigana 
> akang mah saregep  pisan nagkes perkawis "promosi", honorna?..mangga wae teu 
> langkung akang  sabaraha kinten2-na anu matak walatra+nanjeurkeun sumanget 
> akang, da kangge  mayarna oge teuacan sayagi..he..he..., nyuhunkeun piduana 
> wae muga-muga  pamaksadan ieu kalaksanakeun.
>
> Hatur nuhun kana pangrojong ti akang oge wargi  urang sunda sadayana.
> Wilujeng mapag Taun 1429H.
>
> baktos
> sonirosa
> www.bolotot.com

Kirim email ke