"sumedang..... sumedang kang... sok mangga karosong iyeu bangkuna.... tarik pir"

tah kinteun2 teh sora nu tiasa kadangu mun urang numpak beus ti rambutan teh... 
boh Medal Sekarwangi (MS) boh Cahaya Bhakti Utama (CBU) da saruana sok nyiar 
"sewa"/panumpang tea di gigireun panto tol mun nu AC mah teu di uki, jatibening 
atawa padalarang, komo mun MS nu non AC mah leuwih panjang deui setopanana, 
tapi teu kalah hebat na mun beus tilu parapat sakelas andawuri, bintang sanepa 
jrrd.... eta mah narobos leuweung jalanna teh....

salila iyeu loba "sewa" nu ngaharepkeun beus executive nu "labas" tara uran 
ereun dimana we sa ngeunahna...tapi sigana mah masih jauh keneh harepan 
teh....sabab.. "kota sumedang mah kota transit" ceunah salah sahiji petugas 
beus teh...jadi sok tara rame teu siga garut atawa tasik... tapi dimana bedana 
jeung eta dua kota teh... sarua kabupaten sarua Z plat na ge....

ceuk beja mah... engkena teh aya jalan tol nu bakal ngalayang di kabupaten 
sumedang... ceuk pikiran sim kuring mah sigana mah bakal meuni tiis deui wae 
tah sumedang teh... sanasib jeung purwakarta kapungkur,..... loba restoran nu 
lomba2 buka di eta jalur purwakarta teh encan nu di jalur subang na loba 
padagang nanas tea... tapi kadiyeuna saketak brol aya jalan tol cipularang 
langsung we nyarengir eta bos bos na restoran ngarugi...

ceuk beja deui bakal aya pilkabut sumedang teh.....  loba pisan pikiraneun keur 
anjeuna nu balon bupati sumedang, iyeu diantarana uneg2 sim kuring nu 
katingalina sapele tapina beneran iyeu mah kahirupan sapopoe dikota sumedang :

1. Jalan kota / jalan kabupaten sok loba nu legok jeung ruksak ku truk keusik 
tea.....
2. Jalur Angkutan Kota / Pedesaan nu kudu ditata deui... 
3. Kebersihan ( kudu neang solusi sorangan ulah ngiring kabiasaan kota sejen nu 
biasa nyediakeun tempat pembuangan akhir sampah, eta teh teu bener jeung moal 
bakal bener.....)
4. Mun Hoyong buka Mall Teh kudu mikiran solusi keur MACET na heula eta salah 
sahiji kaasup nu disebut AMDAL tea!! jadi we butuh 1/2 jam ti kota ka bunderan 
alam sari, atawa Dirapih keun tah "daerah tak bertuan" Djatinangor.... 
5. Pangangangguran....Penting iyeu mah.......pemberdayaan ekonomi, Masyarakat 
jeung budaya
6. Ningkatkeun ka mandirian masyarakat dina Kebutuhan Pokok, siga beas, kedele, 
pupuk jrrd
7. Pengendalian Pemanfaat Alam, Leuweung Tampomas makin gundul ayeuna mah, 
Galian Keusik dimana2 sok tingali cimalaka arah ka citimun.... jrrd
8. Antisipasi asupna jalan tol nu tos simkuring sebat diatas tea... kade ah 
ulah nepi ka siga purwakarta tah..... 
9. 
10.
11
mereun aya nu rek nambihan deui.. jeung mereun we curat coret di dunya maya 
iyeu teh di "denge" ku manehanana balon2 bupati tea.... ulah ningali ngeunah na 
wae atuh... tingali teu ngeunah na heula sa encan ngajabat hiji AMANAH teh....


alah meuni ngacaprak kamana mendi... mangga ah.. permioss istirahat we heula!!!!






Kirim email ke