Basa Patepung di Alun-alun Kota ManisKatresna kuring nyaeta katresna
dina kaweningan
Kuring nyorangan ngabogaan anjeun
Keclakna cai ibun anu herang
maseuhan jandela kaca
Wanci janari anu rehe
Masih tibra salira kulem?
Tingkaretipna bentang peuting tadi
Micinta salira kawas cai anu biru di sagara
Micinta salira kawas taneuh ngajeon tutuwuhan
Micinta kawas alam raya
Salega jomantara
Tur sabersih kenclakna cai ibun
Lamunan dina wates peuting
Ditungtung lamunan aya sesa sajuta kahayang
Ngan rasa cinta anu teu pernah leungit
Kalangkang anjeun anu sok nembongan
Ah
kuring keur kasmaran
Ah
kabayang mun peuting ieu bareng duaan
Silih namplokeun ka sono
Silih kedalkeun ka tresna
Silih bejakeun eusi hate
Tandana silih mikacinta
Bakal diabadikeun kereteh eusi hate
Bakal dijadikeun prasasti dina kahirupan
Katresna, kadeudeuh, kacinta kuring ka anjeun
Moal bisa aya watesna
Ah
mojang priangan anu manis
Damis anu manis
Sorot soca anu seukeut
Aya geter katresna
Diantara damis jeung lipeutn jilbab
Aya imut ngagelenyu
Ah
katresna kuring ka anjeun
Ngan sakadar dina ati
-
Katineung siga anu moal leungit
Panggih deui jeung manehna
Di alun-alun kota anu manis manjing dinamis
Basa Rangeman ramo silih patarema
ter
hate bet ngageter
tug
jajantung bet ratug
Plong hate ngemplong deui
Basa niis dina handapeun tangkal
Dan taman kota anu manis manjing dinamis
http://awan965.wordpress.com/
fadhian_fa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Aduh,
punten pisan ieu teh. Abdi kangen pisan kana sajak Sunda. Lamun
aya nu gaduh kirimkeunnya. Rek sabaraha wae. Hatur nuhun
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.