Sabenerna mah asal aya kadaek (political will tea ceuk para ahli 
mah), teu kudu bingung. Urang bisa pisan swasembada kabutuhan2 
sapopoe urang, oge hudang tina kaayaan katideresa ekonomi siga ayeuna.

Awal taun 2007, TVRI kungsi nyiarkeun warta kelompok tani di 
Indramayu anu hasil bisa ngaronjatkeun produksi parena (sawahna) nepi 
ka 40% (naekna), make gemuk organik (80%) jeung hormon bersifat 
alami. Kabeneran eta produk gemuk jeung hormon teh produk Urang 
Sunda. Malah lamun sapuratina mah ngagunakeunana (sakumaha 
pitiduhna), naekna teh bisa nepi ka 100%. Kituna teh bari biaya 
ngagemukna ngurangan da make eta dua produk mah teu kudu make NPK, 
TSP, KCl jeung ZA deui. Malah Ureana ge bisa dikurangan. Eta 
kasukesesan teh ngulang kajadian akhir taun 80-an jeung taun 2004 
kamari di Sidrap, Sulsel (diwartakeun ku koran Fajar).

Hanjakal sigana eta warta-warta teh teu kungsi kaperhatikeun ku 
Mentan atawa ku SBY-JK. 

Memeh kasus runtah ngajelegur siga anu muak gubernur jabar jeung 
walikota Bandung, kungsi aya sarombongan ti masyarakat anu mamawa 
propsal ngeunaan ngolah runtah jadi gemuk anu kumplit keur tatanen. 
Konsepna malah kungsi diaku ku BPLHD samemehna, salaku konsep pang 
onjoyna dina ngarengsekeun masalah runtah bari manfaat keur patani 
(kungsi dipamerkeun di Bali dina Pameran Lingkungan Hidup sadunya, 
salaku salah sahiji wakil ti Jabar). Tapi, teu aya respon terusna.

Ayeuna pemasaran jeung demplot2 ieu dua jenis pupuk keur dikeureuyeuh 
ditingkatkeun ku Koperasi Sarakan, di Indramayu, Karawang, Serang, 
jeung Ciamis. Malah samingguan deui Insya Alloh di Sumedang. Konsep 
gemuk organik tina runtah sawatara disimpen rapet-rapet dina 
peperenian, sugan rek kateang deui atawa moal. Wallohu'alam. 

Mataholangna, lain rek promosi pupukna atawa koperasina. Tapi, 
kayakinan, yen satemenna lamun Pamarentah rada beunta saeutik kana 
aspirasi rahayat, swasembada pangan teh bisa pisan. Aspirasi teh bisa 
dina harti pangabutuh atawa temuan2 (kamotekaran) ti masyarakat.

Ngeunaan tatanen jeung pamarentahan, di nagara mana wae oge anu 
ngaranna pertanian mah kudu dilindungan ku Pamarentahna. Jadi, lamun 
melak pare atawa produk sejenna, produkna kudu siap dibeuli ku 
Pamerantah (Bulog). Jadi patani barang garap teh teu dibarung ku 
kasieun. Pamarentah oge kudu ngatur alokasi komditi, nepi ka teu 
emblog-embloganan hasilna (keur ceuyah, ceuyah, nepi ka dialung-
alungkeun ka walungan sabab murah mun dijual; keur langka mahalna 
kacida pisan nepi sarerea ngajerit). 

Lamun sina transimigarasi ulah kapalang, bere lahan nu lega (minimal 
50 Ha) saurangna, sakalian jeung mesin keur tatanenna meh gengsina 
naek jadi patani oge (jadi wae barudak ngora ge parebut hayang 
transmigrasi). Kitu deui, mere bantuan, sapi upamana, ulah kapalang, 
kudu sakalian jeung parabna (ulah nepi ka karek 3 bulan sapi bantuan 
geus begang siga sapi hudang gering).

Pola transmigrasi siga di luhur, komo bari dibarengan ku nyieun 
pabrik pasca panena di lokasi transmigarasi, kacida pisan potensialna 
keur swasembada kaperluan sapopoe, upamana gula, oge kadele, malah 
nepi ka energi oge (bahan biofuel). Pola mere bantuan anu tuntas bisa 
nuwuhkeun ketahanan ekonomi rahayat.

Kukituna, sakumaha anu kungsi diusulkeun ka SBY basa inyana mimiti 
dilantik, aya sababaraha hal anu perlu dilakukeun keur ngaronjatkeun 
harkat darajat tatanen urang, diantarana:

1. Gemuk kudu disubsidi (M.S Dylon mah ukur nepi ka gemuk ulah 
diekspor). Peryogi kauningan, tina sakilo gemuk ngaronjatna tatanen 
mampu nepi ka 1 kg (lamun kaayaan lahan masih alus jeung cara 
ngagemukna bener);
2. Bulog jeung Deptrans direorganisasi jadi kudu aya jeroeun Deptan, 
tur dimana panen Bulog kudu meuli (parentah ku Menteri Pertanian) 
hasil tani sakumaha wae ayana kalawan harga anu nguntungkeun patani
3. Pilih menteri (kabinet) dumasar prestasina, lain dumasar 
proporsional wakil2 kakuatan partei2;
4. Terapkeun sistem penghargaan pagawe negeri dumasar prestasi, jeung 
penalti lamung pagawe negeri ngalanggar aturan
5. Larapkeun kredit progresip keur tatanen/patani (kredit anu teuy 
gumantung anggunan);
6. Antara Bank (BRI upamana) jeung Deptan kudu layeut koordinasina 
(upamana: mayar kredit ka Bank cukup ku hasil tatanen, bank jeung 
deptan anu ngarengsekeunana); 
7. Bere modal kerja patani (lain modal duit);
8. Mitra Usaha Tani hirupkeun (konsep koperasi anu asli dumasar 
Pancasila...hehehe Pancasila...apa kabar dikau?);
9. Ulah aya dualisme harga BBM, nyangsarakeun rahayat. Narik 
kauntungan ti golongan nu usahana kuat mah di tungtung wae nalika 
ekspor (hartina, lamun teu diekspor produkna, pajegna leuwih ringan 
atawa hilangkeun mun perlu);
10. Tolak kredit LN model kredit "sapi perah"
11. Pola ngurus ekonomi nagara ulah siga ekonomi pangusaha, anu kudu 
untung wae ti mimiti usaha nepi kadituna. Nagara mah pantes lamun 
rugi heula sataun dua taun, tapi kadituna untung gede;
12. Berdayakeun para penyuluh pertanian jeung pendampingan patani
(katembongna anu akhir ieu keur rame arek digarapan ayeuna2 ieu, 
tembong loba panawaran kerja bidangh penyuluhan petani, lumayan aya 
kamajuan); jst, aya 60 kaca Kang, kungsi dikintunkeun ka timna SBY, 
duka diaos henteu na mah.

Aya kitu pamimpin nu wani ngajalankeun hal-hal siga anu ditataan di 
luhur. Aya cenah, engke, lamun geus teu ngaralieukan wae ka tukang, 
lamun geus mucunghul budak angon ti lebak cawene, ngangonna ngangon 
tutunggul jeung kalakay. Hehehe...eta mah mistik atawa klenik, atawa 
paling luhur: wangsit. Anu jelas mah pamin lamun geus mibanda 
karakter tilu no poko: jujur, wani jeung pinter. 

Heheh, siga nu khotbah nya Kang. Hapuntenna, rada ngocoblak.

baktos,
manAR




 
--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Macaan dina koran, naha bener kitu, mahalna dahareun teh kulantran 
loba 
> dahareun (pangan) dirobah fungsina jadi bahan bakar? Sawit  cenah 
jadi mahal 
> di pasar dunya kulantaran dijarieun biodiesel, nepi ka Malaysia 
(geus puguh 
> Indonesia mah) nu produsen sawit panggedena di dunya, kakurangan 
sawit keur 
> minyak goreng(?).  Kitu deui jagong, malah oge kadele ceuk artikel 
dina 
> Kompas sababaraha poe katukang. Boa-boa tarigu oge sarua .....
> 
> Lamun bener kitu, beuki ripuh we nagara-nagara miskin, nu dahar 
rakyatna 
> ngagantung kana pangan import .....
> 
> Baktos,
> WALUYA
>


Kirim email ke