sikuring mah moal loba komentar palebah dieu mah, tapi sikuring jadi inget kana wangsit tea "meuereun ieu anu disebut rek ngawinkeun anu dilebak cawene teh" ka hareup tangtuna baris leuwih loba deui anu karawin teh, dag dig dug-na tutuggulan baris lewih rame deui, Alhamdulillah............. sok karawin atuh...!
wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Monday, January 21, 2008 2:27 PM Subject: [Urang Sunda] Talatah KG keur Kusnet (Dina raraga mapag Poe Basa Indung Sadunya) > Baraya Kusnet sadaya, > > Poe Juma'ah nu karek liwat, si kuring ngahaja nepungan Kang Ganjar > (KG) di padepokanana, Jl. Dipati Ukur, Bandung. Maksud nepungan > ngahaja seja ngabadamikeun sababaraha hal pakait jeung kagiatan dina > raraga mapag poe basa Indung sadunya. > > Anu kahiji, nepikeun talatah Mh, makumaha ka KG soal pasanggiri maca > carpon via mp3-internet sakumaha anu kungsi dibewarakeun ku Mh jeung > direspon ku dulur-dulur di ieu milist. Leuwih pasna deui mah Mh neda > KG (Unpad) tiasa maparin sertifikat pangleler, boh ka jawara eta > pasanggiri oge ka pamiluna (pesertana). > > Anu kaduana, ngabadamikeun rarancang atawa alpukah alias kahayang > nepungkeun kagiatan-kagiatan dina jejer kabudayaan (upamana wae: > ngamumule basa Sunda, miara naskah kuno, jst) anu motekar nu giat > antara anu (dominan) dina milist jeung anu (dominan) di darat. > Nepungkeun teh boh jalmi-jalmina oge garapanana, nu dipiharep taya > lian sangkan kawangun sinergi anu langkung euyeub. > > Kana dua paneda atawa maksud anu kasebut di luhur, pangbagea KG > kalintang saena, pikabingaheun. Keur nu kahiji, KG nyanggupan bisa > maparin sertifikat anu dipikahayang ku Mh. Malah anjeunna nawaran ka > Kusnet, bisi eta sertifikat teh bade dikaluarkeun ku atas nami gawe > bareng antara Unpad-Kusnet-Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPS), > mangga; atawa ditambihan ku lembaga sanesna, mangga; atawa > dikaluarkeun atas nami gawe bareng antara Unpad sareng Kusnet > wungkul, mangga; atuh dikaluarkeeun atas nama Unpad wae, oge mangga. > > Kukituna, talatah anjeunna anu kahiji, nyaeta: mangga geura > saenggalna ditetepkeun bade atas nami saha/mana eta sertifikat > dikaluarkeunana, oge lajuninglaku (follow up) tina eta katetepan > saenggalna diproses. > > Talatahna anu kadua, ka Mh oge ka sadayana, kumaha upami eta > pasanggiri teh dikawitan heula ku maca sajak jalaran carpon mah > tangtu panjang? Ngeunaan hal ieu, mangga diemutan wae. > > Talatahna anu katilu, saenggalna didamel tim kanggo nganilei > pasanggiri (tim juri), jalaran marios hasil maca carpon tangtu kudu > ku ahlina. Ngeunaan hal ieu oge mangga diemutan, utamina ku Mh > minangka anu ngababaran eta ideu pasanggiri maca carpon. > > Talatahna anu kaopat: dina kagiatan tanggal 21 Pebruari 2008, dina > raraga mieling poe basa indung sadunya (poean tarucing cakra di darat > tea, sanes?), KG ngulem ka Kusnet ngagelar pameran naon rupa anu tos > dihasilkeun ku Kusnet salami ieu. Pagelaran ngajejer jeung pameran ti > nu sanesna, kalebet pameran rumah baca buku Sunda-na Ua Sas. > > Talatahna anu kalima, mun bisa, sakabeh acara pangleler keur jawara > pasanggiri-pasanggiri anu dilaksanakeun dina raraga mieling poe basa > indung sadunya teh disawaktukeun dina poean eta (tanggal 21 Pebruari > 2008). Tangtu upama kaudag kitu oge (khususna keur kagiatan > pasanggiri maca carpon tea). > > Sakitu heula anu bisa katepikeun dina danget ieu. Laporan nu sanesna > ke kapayun mun pareng urang susulkeun. Mangga, ka Kusnet sareng > lembaga/perorangan anu pakait (Ys Perceka, oge nu sanesna) anu pancen > neraskeun atawa mairan ieu talatah, dihaturanan komunikasi wae sareng > KG. Atuh ka para wargi sadaya bilih aya pamendak ngeunaan hal-hal anu > ditataan di luhur, atawa ngeunaan acara naon deui kira-kirana keur > ngeuyeuban acara mapag poe basa Indung sadunya (ngulang panggero Kang > Dadan Sutisna), mangga dihaturanan. > > baktos, > manAR > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > >

