Basa Poe katukang, maklum mereun usum halodo gannti kanu usum hujan. Sok komo biasa nginum ci tiis mah, ujug-ujug usum hujan jadi awak teh rada-rada adaptasi deui.
Teuing pedah osok nyileuk tipeuting, bari beuteung kosong. Antukna mah asup angin. Tapi rada geunah sanggeus di peuseul mah. Tapi basa kamari ka wewengkon nu tiis deui ujug-ujug rada beda deui awak teh, Laju weh bersin-bersin jeung salesma. Tapi sanajan kitu ge cenah nginum obat paragi asup angin weh jeung nginum cai nu haneut sok komo cenah deui mah kudu ngudud sokam tea. Tapi kalilalaan mah biir teh asa jontor. Sok komo mun deuk dahar teh asa dicocoan jeung na deui asa peurih, antukna teu bisa dahar sangu , jeung bubur weh untungna teu beuki tempe da tempe teh geus mahal hargana sarua jeung daging. Sanggeus dua poe asa kasiksa pisan ceuk batur mun hayang cageur kudu meuli larutan penyegar jeung ngunum ubar kekemu cenah, aya deui make dicocolan ubar nu perih kacida, ach antukna binung sorangan. Bari awak rada rungsek teh maksakeun ka dokter, ceuk dokter teh ieu mah radang tikoro. Da Barusuh teh di mimitian ku asup angin atawa panas jero tea. Nya Antukna ku Dokter di bere ubar paragi radang tikoro, salesma, amoksilin jeung ubar batukna. Ti harita mah rada mending, barusuh teh geus rada cageur tapi asaaan mah kakarekun katarajang barusuh nu matak kacida teh, pedah jarang dahar bungbuahan atawa sayur-sayuran, duka teuing ketang Cag Ach. http://sikuring.sunda-jagat.com

