Lami teu ngalongok babakan, da awal taun padamelan siga ombak lautan, ari bieu ngadadak hayang ningalian. ari ngok, kana puisi kang awan. luar biasa puisina, matak mikir aya, matak seuri aya, matak kesel aya. bagus kang awan...
<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/124665;_ylc=X3oDMTJzMTh1dG VmBF9TAzk3MzU5NzE1BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzEyND Y2NQRzZWMDZG1zZwRzbGsDdm1zZwRzdGltZQMxMjAwOTE2NDUz> Nu taat, Nu sesat, Nu sakarat, Nu dihormat-hormat Posted by: "awan" <mailto:[EMAIL PROTECTED] 20sakarat%2C%20Nu%20dihormat-hormat> [EMAIL PROTECTED] <http://profiles.yahoo.com/awan965> awan965 Mon Jan 21, 2008 2:55 am (PST) Nu taat, Nu sesat, Nu sakarat, Nu dihormat-hormat Nu taat Umat taat Imanna kuat Tumut nasehat Cekel amanat Tara khianat Yakinkeun syhadat Nanjeurkeun sholat Puasa tamat Mere zakat Ka haji mangkat Pamadegan tepat Awak sehat Bathin wal afiat Elmuna manfaat Boga bakat Gawe giat Pagaweanna maslahat Rezeki ningkat Tutulung rikat Ka sasama hormat Tara ngumpat Tara maksiat Alam dirawat Masyarakat kabengbat Luhur martabat Loba sobat Mindeng tirakat Salawasna tobat Meunang rahmat Dunya nikmat Sugema akherat Nu sesat Teu taat Imanna gawat Ngawada nasehat Ingkar amanat Mindeng khianat Batur diumpat Tutulung liat Pagaweana mudarat Hese nyobat Handap martabat Hirup sesat Resep maksiat Tacan tobat Nyawa paragat Paeh kawalat Sangsara di akherat Nu sakarat Rahayat malarat Gering ngajejepat Nyadang panyawat Teu diobat Hayang dirawat Di rumah sakit pusat Disentak perawat Teu ditebus obat Tambah gawat Antukna sakarat Nu dihormat-hormat Saurang pejabat Nolak nasehat Khianat amanat Nipu rahayat Lobakeun sobat Ngingu advokat Miara jimat Nyieun siasat Naek pangkat Pada ngahormat Fasilitas nikmat Anggaran diembat Subsidi disumbat Sumbangan disunat Resep maksiat Pinter bangsat! Rahayat malarat Rahayat ngadat Pada ngahujat Mahasiswa nguliat Daremo disikat Eling pejabat! Jabatan amanat Apes dipecat Tacan tobat Kaburu wafat Bising kawalat Jaga di akherat <http://awan965.wordpress.com/> http://awan965.wordpress.com/

