===============================
[ Seri : "Membangun bisnis Indonesia" ] =============================== [BQ] Rahasia Bisnis Urang Jepang Meunang : Ann Wan Seng Diajar ti : Langkah Raksasa Sang Nippon Mengusai Dunia 02. Gede Hate jeung Impian Bangsa jepang can pernah boga peradaban nu hebat jeung sajarah anu bisa di agulkeun siga nagara-nagara nulian. Nagarana campernik jeung endah, tapi teu miboga hasil alam anu bisa dimanfaatkeun. Jalmana leutik jeung pendek. Tapi, dina sagala kakurangan eta, maranehna gede hate jeung boga impleungan anu ngaleuwihan kamampuan geografisna. Budayana anu unik jeung nilai tradisi anu campernik. Wanoja siga mojang pingitan anu boga rasa kaera, dusunan jeung segan. Lalaki teges jeung garang siga samurai anu siap perang. Gunung Fuji osok jadi landian lantaran euntreupan ku salju bodas jeung mikareu'eus saha wae anu neteupna. Urang wanoh ka bangsa Jepang kulantaran pernah ngajajah tanah Malayu. Teusaeutik anu ngewa ka bangsa jepang lantaran kakejamannana jeung garihal dina kalakuanana. Tapi najan kitu , Banga Jepang ayeuna geus robah. Kadatangan maranehna lain haying ngajajah jeung nguasaan hasil kakayaan nagara anu ku maranehna didatangan. Kadatangan bangsa jepang jang dagang jeung neang lolongkrang paekonomian anyar.Maranehna nyieun pabrik jeung ngadeugkeun pausahaan-pausahaan di tiap-tiap pateumpatan. Tujuannana ngan neang kauntungan jang ngadeugkeun paekonomianana siga sabiharabihari. Hareupan jadi nagara maju jeung panguasa ekonom dunya geus kasorang. Sanajan geus jadi hiji nagara beunghar jeung kasohor, tapi tara eureun digawe. Maranehna terus usaha ngomean prestasi dina widang ekonomi. Hiji paktor anu utama pikeun kasuksesan jepang aya dina budaya gawe, system etika, ngurus anu rancage, ngulik kreatifitas, jeung sumanget bajoang anu cadu kana eleh. Maranehna jadi hiji nagara anu nalangan nagara-nagara Asia lantaran bisa ngalawan pihak barat dina sisi prestasi jeung produktivitasna. Bangsa jepang kasohor rajin jeung optimis. Cara ngendalikeun masalah jeung pagawean beda jeung gaya barat.Kaberhasilan bangsa Jepang matak pikaresepeun numatak nimbulkeun sagala katanyaan saputar elmu anu dipake kumaranehna. Kasuksesan Jepang eta luar biasa, sanajan manehna kungsi ancur dina PD. Loba panaluktikan anu ngorehan budaya gawe jeung rusiah kasuksesan bangsa Jepang. Eta kabuktian kulobana diterbitkeun buku-buku anu aya patula-patali jeung Jepang. Loba aspek anu ngenaan bangsa jepang anu dikorek, kaasup aspek pamikiran jeung pangalolaan.Aya oge Tulsan anu sifatna teknik jeung hese dipikaharti lantaran di tarjamahkeuntina buku-buku terbitan Jepang. Matakna, mimiti taun 1988, kuring boga pamadegan nuliskeun sacara umum jeung sakabeh sagala rupa aspek budaya gawe jeung elmu kasuksesan jepang. Sawareh dina tulisan ieu pernah oge dimuat dina majalah local. Tulisan ieu mere mere andelan kana sagala aspek jeung perkara anu ngaronjatkeun kasuksesan Jepang. Konci kasuksesan bangsa jepang anu di sebutkeun dina tulisan ieu lain ukur luyu jang dipilaku, tapi oge dadasar pikeun ngajadikeun pagawe anu rancage jeung pangusaha anu sukses. Jang meunangkeun kasuksesan, urang kudu daek diajar ka bangsa anu leuwih maju jeung hebat. Urang nyaho yan bangsa Jepang pinter, hebat jeung boga pangabisa. Urang oge nyaho yen sagala kapinteran jeung kahebatan bangsa Jepang aya dina diri urang, tapi urang teu pada-pada sadar. Bangsa Jepang sadar kana hal eta jeung makekeuna kucara anu hade. Hasilna maranehna sukses nepi kadengat ieu. Oge loba bangsa lian anu katinggaleun lantaran teu malire kana pamere pangeran. Tulisan ieu bisa oge jad pangrujuk, acuan, jeung motivasi supaya urang leuwih deuket mikawanoh bangsa Jepang. Hal positipna, loba rusiah jeung konci anu bisa di teang jeung digali timaranehna. Tapi saenyana konci ieu lain rusiah deui. Urang geus pada mikanyaho tapi make kana hal ieu. Konci kasuksesan Jepang gampang jeung leuwih gampang batan rumus matematika. Jang nepi kana kasuksesan konci jeung rumus ieu kudu di pake jeung di terapkeun. Lamun henteu, matak bakal tetep jadi konci jeung rusiah anu engkena bakal leungit kujalana waktu jeung jaman. Lamun Bangsa Jepang bisa ngalakukeunana, matak eweuh alesan pikeun urang gagal ngalaksanakeunana. kakuasaan aya dina diri urang lain dinagara. [Hanca] Asep Heriandi Zaika Distro Muslimah RedRocket Clothing & Souvenir Sik Clothing - Batam 08127721788
<<attachment: ~WRD000.jpg>>

