Palanggeran nuliskeun unsur serepan
Dina sawala Kusnét sababaraha waktu ka tukang, kungsi aya padungdengan
ngeunaan kumaha palanggeran nuliskeun unsur serepan. Kuring kungsi taram-taram
méré anggapan. Ngan nu dipiharep puguh referensina. Tah, sanggeus ngotéktak,
kamari pareng dina Lustrum X jurusan Sunda UPI medal buku Palanggeran Ejahan
Basa Sunda: édisi Révisi. Moal rék ditulis sagemblengna, ngan sacéréwélna baé,
utamana perkara nulis unsur serepan, luyu jeung padungdengan harita.
Sahenteuna, unsur serepan dina basa Sunda téh bisa dibagi kana dua goongan
gedé.
Kahiji, unsur kosta anu acan sagemblengna kaserep kana basa sunda, saperti
shuttle cock, lexploitation de lhomme, up-grading, jsté. Éta unsur-unsur téh
dipaké dina kontéks basa Sunda, tapi ucapanana masih kénéh nurutkeun cara kosta.
Kadua, unsur kosta anu ucapana jeung tulisanana diluyukeun jeung kaédah basa
Sunda. dina hal sarupa kieu, diihtiaran sangkan éjahan asing ukur dirobah
saperluna supaya adegan sundana masih kénéh bisa dibandingkeun jeung adegan
asalna. Kaédah éjahan anu dipaké pikeun nuliskeun unsur serepan téh saperti ieu
di handap.
aa (Belanda) jadi a, conto:
paal pal
baal bal
octaaf oktaf
ae, lamun henteu ngabogaan variasi jeung é, jadi aé, conto:
aerob aérob
aerodynamic aérodinamik
ae, lamun ngabogaan variasi jeung é, jadi é, conto:
haemoglobin hémoglobin
haematite hématit
ai tetep ai, conto:
trailer trailer
caissonk caison
au tetep jadi au, conto:
audiogram audiogram
autotroph autotrof
c, di hareupeun a, u, o, jeung konsonan, jadi k, conto:
construction konstruksi
cubic kubik
c, di hareupeun e, i, oe, jeung y, jadi s, conto:
central séntral
cent sén
cylinder silinder
(Hanca)
---------------------------------
Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.