Patali jeung eta kajadian, salah saurang chatter masang status YM-na siga kieu (kabeneran ku basa Indonesia): "Yanti dan Karsih dipenggal di negeri lain, duhai perjuangan hidup. Semoga yang disia-siakan di bumi, dipeluk hangat di langit"
baktosna, manAR --- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Anyar keneh ngadenge beja, TKW urang Cinajur, nu aranna Yanti dihukum pati > di Arab Saudi, kulantran dituduh nyekek dununganana tepi ka palastra. Eh > ayeuna geus mucunghul deui beja, cenah Karsih, TKW urang Karawang geus > dieksekusi, dipeuncit tepi ka buntung, tanggal 11 Januari 2008 di Arab > Saudi, kulantaran dituduh maehan anak dununganana kujalan diracun. Beja ieu, > ceuk detikcom acan jelas, bener henteuna. Ngan umpama bener ......ah kacida > teuing, boh pamarentah Arab Saudi atawa pamarentah urang, tepi ka ngahukum > pati jalma (warga asing deuih) siga meuncitan sato wae. Cenah di Arab Saudi, > Nu dieksekusi hukuman pati unggal taunna leuwih ti 100 urang. Sigana kaasup > rekor dunya, da nagara2 sejen mah teu loba-loba teuing kitu nu dipaehan > "atas nama" nagara teh. > > Baktos, > WALUYA >

