Bagea Baraya sadayana .......

Hapunten yeuh nembe hol deui ..... alataran ayeuna mah geuningan meni asa 
langkung pakpuket kieu kipayahan teh ...... Ngan saukur noongan lan noongan wae 
sementawis ieu mah ... keun bae ah ..... asal ulah ngajantenkeun turuwisen wae 
.........

Aya warta anu pikabungaheun yeuh pikeun urang balarea. Ayeuna di Bali parantos 
didumukkeun, malihan parantos direstuan ku sesepuh di Pasundan (Gubernur cq 
biro kesejaheteraan), Paguyuban Urang Sunda - katelahna PUSunda ...... anu mana 
kagungan misi kanggo nulung lan ngamumule pikeun warga pasundan (urang sunda) 
hususna anu rek ider ka Bali, tarutama anu rek ngarojatkeun budaya Sunda di 
Bali tiasa ngahubungi ka PUSunda.

Kumargi masih lelengkah halu keneh ... cingan hapunten ka baraya sadayana mugia 
aya jembar manahna kanggo ngeusian lembar-lembar lalakon ieu, bade nyuhungkeun 
pituduh lan pitunjukna pikeun lengkah kahareupna.

Saperkawis "VISI " sareng "MISI" anu sagamblangna mah sumangga urang pedar dina 
waktos anu kapayun ........

Sementawis mung eta wungkul .... nyuhungkeun pi'dua ti sadaya, mugia urang teh 
sing lungsur langsar pikeun ngarojatkeun lan ngamumule budaya urang Sunda tea 
.......

Hatur nuhun,
gl
-------------------


      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke