Baraya sadaya, khususna Mang Jamal.. Meupeung keur inget, ceunah ceuk kolot uing keun bae bener henteuna mah tong pati dipalikiran tapi keur Mang Je mah kudu jadi pertimbangan pantes henteuna yen karaton jaman baheula sok ngagunakeun 5 (lima) bahan kayu anu utama, nyeta:
1.. Kayu PUSPA ari tangkal puspa teh ceunah aya merangan anu matak arateul, jenis kayuna teuas/keras. 2.. Kayu PONGPORANG, ceunah kayuna hampang tapi kuat 3.. Kayu KOPO, sifat kayuna ceunah mah boga tektur lemes/halus, meureun cocokna keur finishing. 4.. Kayu KANANGA GEDE, ceunah aya tanggal kembang kananga anu gede (sakanyaho uing mah kembang kananga mah letik pendek kembangna leubeut tur seungit, aya deui kembang kananga anu ngareuy/kananga cina, anu dipake kayuna tangtuna lain jenis kananga anu dua ieu). 5.. (Kayu) GEBANG, tangkal gebang ieu boga pasifatan; kuat, panjang, lempeng pantes lamun dijadikeun tihang. Sakitu Mang Je, saterusna mah tugas kandidat doktor dina widang design keur nalungtik detailna, kanggo anu sanesna mah anggap bae rahul. wassalam, dudi_ss

