"Ayeuna mah keur jaman minimalis, ya Mang!"
"Enya Jang, timimiti model imah tug nepi ka tempe tahu jadi mariminalis euy, 
goreng tempe keur leutik teh ipis lir kicimpring kitu deui keureutan tahu 
sagede gede dadu koprok!"
"Balukarna tina harga kedele naek eta teh Mang,katambah ku naekna harga harga 
sejena anu nerekel lain mangsa!"
"Maksud Ujang?"
"Enya Mang, pan biasana mah harga harga naek teh mangsa nyanghareupan lebaran, 
natal, jeung taun baru, ari ieu mah pan geus kaliwat, tapi hahargaan malah 
beuki angot!"
"Matak jangar nya Jang, komo indung budak mah mani pok pisan mun ningali amang 
nyedok sangu badag teuing teh!"
"Kumaha kitu Mang?"
"Maksudna mah meureun mere peringetan supaya boboko sangu teu gancang gerewong, 
kitu deui ngahuap kudu dileutikan, ulah sagede bal kasti teuing!"
"Gerakan pengiritan tea meureun nya Mang!"
"Duka nanahaon pingaraneunana Jang, da cucutik, sendok, piring, jeung boboko 
sangu, ayeuna geus diganti kunu laleutik kabeh. Malahan deungeun sangu ge, 
salian ti goreng tempe anu keureutana jadi meotan, endog ge pipilueun di 
minimize,  biasana nu disuguhkeun teh endog hayam sagede peureup budak, ayeuna 
mah der diganti ku endog puyuh.  Beu meni minimalismeu pisan nya!"
"Ck..ck...ck..nepika kitu nya Mang. Ari udud kumaha? Ngilu diminimize oge?"
"Tadina mah nek sakalian eureun, da teu kuat asa rawing ceuli, lamun 
katingalieun nyerebeng udud ku indung budak teh, langsung we ngablamblam, ngan 
nyaeta, ari teu dibeulian meureun sipabrik roko teh moal nyeponsoran mengbal 
atawa konser musik deui!"
"Bisa oge kitu Mang, mun enya teh kitu meureun moal ningali deui  para bobotoh 
anu oper-ekting nyieun karusuhan, nya Mang!"
"Enya Jang, najan dicaram ge tetep we ngepluk udud, ceuk babasan, indung budak 
menggongong, simamang tetap nyerebeng!"
"Tapi meureun ari dalam rangka peringitan mah cukup sabatang sapoe, nya Mang?"
"Ah henteu, tetep we sabungkus, ngan ayeuna mah can adek kana biwir mah can 
waka dipiceun,balukarna kumis mamang teu kaur jadi, da tiap udud sok karerab, 
malah alumunium foilna ge sok dilinting dijieun udud!"
"Eta mah lain peringitan atuh Mang, tapi kokomoan!"
"Heueuh Jang, ngomongkeun jaman kiwari anu sarwa leutik, lain barang atawa 
kadaharan wae anu jadi laleutik teh, dalah gajih mamang ge tibaheula tetep we, 
sa-uprit, abong pagawe rendahan nya Jang!"
"Keun we Mang, ulah ngarasula, da kiwari mah geus umum!"
"Tapi aneh ku dunungan mamang, meunang nu leutik teh kalahka atoh!"
"Maksud mamang, meunang panghasilan leutik kitu?"
"Lain Jang, pan unggal wiken sok menta dianter ka puncak, pas balikna dunungan 
nyarita kieu ka mamang "Dasar milik euy, keur leutik keneh teh, servisna tegep!"
sr
www.keomsakedap.multiply.com

Kirim email ke