Abdi kantos maos salewat, buku nu judulna "Gentring Ranggagading", ngan hilap
tulisan saha. Bahasa Sunda na rada sesah, kos pantun kitu lah. Didinya
nyebatkeun (detil pisan) perkawis seni arsitektur Sunda (wangunan istana sareng
sajabana).
Wassalam,
Dekky
dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya sadaya, khususna Mang Jamal..
Meupeung keur inget, ceunah ceuk kolot uing keun bae bener henteuna mah tong
pati dipalikiran tapi keur Mang Je mah kudu jadi pertimbangan pantes henteuna
yen karaton jaman baheula sok ngagunakeun 5 (lima) bahan kayu anu utama, nyeta:
Kayu PUSPA ari tangkal puspa teh ceunah aya merangan anu matak arateul,
jenis kayuna teuas/keras.
Kayu PONGPORANG, ceunah kayuna hampang tapi kuat
Kayu KOPO, sifat kayuna ceunah mah boga tektur lemes/halus, meureun cocokna
keur finishing.
Kayu KANANGA GEDE, ceunah aya tanggal kembang kananga anu gede (sakanyaho
uing mah kembang kananga mah letik pendek kembangna leubeut tur seungit, aya
deui kembang kananga anu ngareuy/kananga cina, anu dipake kayuna tangtuna lain
jenis kananga anu dua ieu).
(Kayu) GEBANG, tangkal gebang ieu boga pasifatan; kuat, panjang, lempeng
pantes lamun dijadikeun tihang.
Sakitu Mang Je, saterusna mah tugas kandidat doktor dina widang design keur
nalungtik detailna, kanggo anu sanesna mah anggap bae rahul.
wassalam,
dudi_ss
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
Answers