hatur nuhun kang Dudi SS oge kang Dekky. 
ke urang nganjang deui ka si Ua Sas, sugan gaduheun buku Gentring
Ranggagading. sigana carita pantunnya.

ayeuna teh keur pakeukeuh jeung pembimbing, soal judul jeung eusina.
nu geus dijieun mah, klasifikasi periode,
sunda baheula, tah eta, sarupaning karaton, sanajan cek cenah nu
penting aya sumberna.

sunda kamari, imah jeung parabot nu aya di kampung adat atawa di luar
kampung adat nu boga ciri kandel kasundaan.

sunda kiwari. sunda teh lain ngan ukur urusan baheula atawa kuno. tapi
 nu ayeuna oge nya masih sunda. nya model hibrid siga hotel sumber
alam di garut atawa kampung sampireun, nu sigana kaci disebut
simulacra atawa simulacrum jeung umberto eco mah. 

ngan ayeuna teh keur lieur, da beda pikiran jeung pembimbing 2.
heuheu. sigana bade dilegaan ka parabot oge. ngabahas ti rupana. siga
aseupan, gabungan ti buleud jeung segitilu, kerucut, jsb. ayeuna di
sababaraha cafe di bdg, aseupan eta dipake pikeun armatur lampu. haha.
ieu upaya kreatif oge, revitalisasi parabot tradisional/antik jadi
bagean kahirupan kontemporer.

kanu terang informasi naon bae perkawis imah, parabot, jsb, mangga
wartosan si kuring, nuhun oge mun gaduh gambar/fotona.


mj


--- In [email protected], Dekky Mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Abdi kantos maos salewat, buku nu judulna "Gentring Ranggagading",
ngan hilap tulisan saha. Bahasa Sunda na rada sesah, kos pantun kitu
lah.  Didinya nyebatkeun (detil pisan) perkawis seni arsitektur Sunda
(wangunan istana sareng sajabana). 
>    
>   Wassalam,
>   Dekky
> 
> dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>             Baraya sadaya, khususna Mang Jamal..
>    
>   Meupeung keur inget, ceunah ceuk kolot uing keun bae bener
henteuna mah tong pati dipalikiran tapi keur Mang Je mah kudu jadi
pertimbangan pantes henteuna yen karaton jaman baheula sok ngagunakeun
5 (lima) bahan kayu anu utama, nyeta:
>    
>     
>    Kayu PUSPA ari tangkal puspa teh ceunah aya merangan anu matak
arateul, jenis kayuna teuas/keras.  
>    Kayu PONGPORANG, ceunah kayuna hampang tapi kuat  
>    Kayu KOPO, sifat kayuna ceunah mah boga tektur lemes/halus,
meureun cocokna keur finishing.  
>    Kayu KANANGA GEDE, ceunah aya tanggal kembang kananga anu gede
(sakanyaho uing mah kembang kananga mah letik pendek kembangna leubeut
tur seungit, aya deui kembang kananga anu ngareuy/kananga cina, anu
dipake kayuna tangtuna lain jenis kananga anu dua ieu).  
>    (Kayu) GEBANG, tangkal gebang ieu boga pasifatan; kuat, panjang,
lempeng pantes lamun dijadikeun tihang. 
>   Sakitu Mang Je, saterusna mah tugas kandidat doktor dina widang
design keur nalungtik detailna, kanggo anu sanesna mah anggap bae rahul. 
>    
>   wassalam, 
>   dudi_ss
>   
> 
>                          
> 
>        
> ---------------------------------
> Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di
Yahoo! Answers
>


Kirim email ke