Upami ningali eusi naskahna mah katingalna karuhun nu hebat ieu teh jigana sakedik seueur (sedikit banyak) oge ngagunakeun basa Malayu buhun, lingua franca dina dunya dagang waktos harita. Leres anjeunna leber wawanen, henteu sieun kenging bahla dina jajalaneun; mangkanin pan anu dilangkungan teh diantawisna leuweung-leuweung sareng patempatan asing.
Salam, Aschev ----- Original Message ---- From: Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, January 24, 2008 5:27:51 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Deui-deui Bujangga Manik Sok ngahuleng hebatna Bujangga Manik nu pastina tiasa komunikasi jeung seler sejen. Nu tacan katangkep teh urang sunda komunikasi make basa naon? Hiji deui mengpeung "hot" tangtuna Bujangga Manik kalah kumaha oge gede wawanena. salam Jalak Pakuan Makarya Mawa Raharja ----- Original Message ---- From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com; [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Thursday, January 24, 2008 1:44:17 AM Subject: [Urang Sunda] Deui-deui Bujangga Manik Lamun ningali lalakon Bujangga Manik, rada mirupa lalampahan Neelkanth, pandita Hindu anu ngumbara ngurilingan India dina ahir abad ka 18 pikeun ngajalankeun agemanana saperti anu digambarkeun dina film imax Mystic India. Ngan bedana, ari lalampahan Bujangga Manik dina awal taun 1500-an mah dicatet (jiga buku harian mun kiwari mah) anu kacida mangfaatna dina waktu 500 taun saenggeusna sabab ngandung data sajarah anu munel pisan hususna ngeunaan ngaran-ngaran patempatan di pulo Jawa sarta gambaran sabagian kaayaan mangsa harita. Tina naskah eta oge bisa kanyahoan yen: - Di Pakuan Pajajaran aya leuwih ti hiji karaton; - Di karaton, aya imah, paviliun, tempat ninun, aya rohangan anu dipisah ku hordeng; - Putri Sunda sapopoena produktif ninun; - Hubungan dagang jeung nagara sejen geus ngarupakeun hal biasa; - Awal taun 1500-an geus rea barang impor kayaning ebun Cina, parfum, barus jeung sajabana; - Prabu Siliwangi jeung Banyak Catra dijadikeun standar ukuran pikeun meunteun kakasepan lalaki (dicaritakeun cenah Bujangga manik teh leuwih kasep manan Silihwangi jeung Banyakcatra) Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch format to Traditional Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe Recent Activity 7New Members Visit Your Group New web site? Drive traffic now. Get your business on Yahoo! search. Y! Messenger Send pics quick Share photos while you IM friends. Weight Loss Group on Yahoo! Groups Get support and make friends online.. ____________________________________________________________________________________ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ

