Saleresna seueur nya nu tiasa dipesek tina hiji hal. Matak BM sukses nyerat teh 
hartina sukes nyekel, ngabereskeun masalah2 nu disanghareupan. 
   
  salam
  JP
   
  
Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
              
  Upami ningali eusi naskahna mah katingalna karuhun nu hebat ieu teh jigana 
sakedik seueur (sedikit banyak) oge ngagunakeun basa Malayu buhun, lingua 
franca dina dunya dagang waktos harita. Leres anjeunna leber wawanen, henteu 
sieun kenging bahla dina jajalaneun; mangkanin pan anu dilangkungan teh 
diantawisna leuweung-leuweung sareng patempatan asing.
   
  Salam,
  Aschev
 

  

  ----- Original Message ----
From: Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, January 24, 2008 5:27:51 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Deui-deui Bujangga Manik

        
  Sok ngahuleng hebatna Bujangga Manik nu pastina tiasa komunikasi jeung seler 
sejen. Nu tacan katangkep teh urang sunda komunikasi make basa naon? Hiji deui 
mengpeung "hot" tangtuna Bujangga Manik kalah kumaha oge gede wawanena.
   
  salam
  Jalak Pakuan
 
  Makarya Mawa Raharja
  

  ----- Original Message ----
From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com; [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Thursday, January 24, 2008 1:44:17 AM
Subject: [Urang Sunda] Deui-deui Bujangga Manik

        
  Lamun ningali lalakon Bujangga Manik, rada mirupa lalampahan Neelkanth, 
pandita Hindu anu ngumbara ngurilingan India dina ahir abad ka 18 pikeun 
ngajalankeun agemanana saperti anu digambarkeun dina film imax Mystic India. 
Ngan bedana, ari lalampahan Bujangga Manik dina awal taun 1500-an mah dicatet 
(jiga buku harian mun kiwari mah) anu kacida mangfaatna dina waktu 500 taun 
saenggeusna sabab ngandung data sajarah anu munel pisan hususna ngeunaan 
ngaran-ngaran patempatan di pulo Jawa sarta gambaran sabagian kaayaan mangsa 
harita.
   
  Tina naskah eta oge bisa kanyahoan yen:
  - Di Pakuan Pajajaran aya leuwih ti hiji karaton;
  - Di karaton, aya imah, paviliun, tempat ninun, aya rohangan anu dipisah ku 
hordeng;
  - Putri Sunda sapopoena produktif ninun;
  - Hubungan dagang jeung nagara sejen geus ngarupakeun hal biasa;
  - Awal taun 1500-an geus rea barang impor kayaning ebun Cina, parfum, barus 
jeung sajabana;
  - Prabu Siliwangi jeung Banyak Catra dijadikeun standar ukuran pikeun 
meunteun kakasepan lalaki (dicaritakeun cenah Bujangga manik teh leuwih kasep 
manan Silihwangi jeung Banyakcatra)
   
   






   
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) 
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch format to 
Traditional 
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe 

      Recent Activity
    
      7
  New Members

Visit Your Group 
      New web site?
  Drive traffic now.
  Get your business
  on Yahoo! search.

    Y! Messenger
  Send pics quick
  Share photos while
  you IM friends.

    Weight Loss Group
  on Yahoo! Groups
  Get support and
  make friends online.



  .

 



  
---------------------------------
  Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.  

                         


Makarya Mawa Raharja

       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

Kirim email ke