Assalamualaikum

Palawargi Urang sunda sadunya,
wilujeng tepang sareng simkuring di dunya maya, insya Allah urang sadaya hiji 
mangsa tiasa tepang di dunya nyata.

Jenengan             : Solihat
Kawit                 : Asli ti kp. Ciakar, situ cangkuang Leles garut
Panglinggihan      : di Doha Qatar
Padamelan          : Kuli di Qatar Petroleum
Usaha kulawargi  : Warung Sangu SARICOBEK CANGKUANG di lokasi   
                          wisata Candi Cangkuang  .

Hatur nuhun juragan moderator anu parantos nedunan kahoyong sim kuring janten 
angota milis urang sunda sadunya.

Mani resepnya utamina mah ku nu nganggo basa sunda anu leres warisan buhun 
urang anu kedah dilestraikeun.

Simkuring hoyong di ajar basa sunda teh, ma'lum tukang ider2an sok seueur 
hilpna. Komo jaman kiwari anu tos kapanaruhi ku bahasa global. 

Ngan kasedih teh aya ayeuna eh tatar sunda kawawa nuju di serbu ku nu dulur 
lian anu titatar lain, nya tanahna nya rizkina nya bahasana nya budayana nya 
agamana . Rasana teh urang sunda ayeuna nuju kapepet. Sok bae talingakeun di 
Bandung, di Bekasi, di tangerang, Bogor sareng di tempat sanesna kitu kan 
kaayaanana. Tah yuk urang jayakeun deui urang sunda ku nawengkuh deui hal2 anu 
tos leupas ti ki sunda. 

Sok lah urang ngawitan kumaha idena para inohong? di antos.

Wassalam

Solihat
Doha Qatar.


      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke