Simkuring ayeuna nuju ngumbara di Qatar. Tah saur kabar didieu mah obat diabetes anu palig manjur teh nyaeta ABATASaUDAH tea, Jaitun buah atanapi minyakna. Teras korma anu sae kwalitasna utamina mah kurma Rasul nyaeta AJWA anu sae kwalitasna . Cai zam zam dileueut teratur ku sarengan ku do'a kaggo kasembuhan panyawat anu dimaksad. Insya Allah berhasil.
Informasi : Upami korma ajwa anu diical di Madinah anu sakilo na 50 riyal teh anu rendah qualitasna. Tah anu saemah dugi ka 800 riyal / kgna. Coba oge resep diet Rasulullah SAW. Insya Allah sae hasilna. Aya obat lokal anu nuju popler di urang nyaeta VCO anu sae kualitasna anu kusimkuring di leueut mah anu bungkusna ungu nganggo hologram, hilap deui nami pabrikna teh. Simkuring gaduh asam urat, rerencangan darah tinggi alhamdulillah walagri. Obat paling tokcer asam urat mah buah zaitun. Ieu pamngalaman simkuring. Da didieu mah seueur zaitun teh. Mugia janten tarbiah kasehatan. Wasallam. Soihat, tukang ngider. ----- Original Message ---- From: sitti hikmawatty <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Saturday, January 26, 2008 7:09:45 PM Subject: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Ubar Diabetes Upami teu lepat, saleresna diabetes teh aya 2 rupi : 1. NIDDM (Non Insulin Dependent Diabetes Melitus) nyaeta jenis panyawat diabetes nu pangobatana teu tergantung ku insulin 2. IDDM (Insulin Dependend Diabetes Melitus), nyaeta panyawat diabetes nu tos tergantung ku insulin. Tah, tangtosna "penanganana" (bahasa sundana .....?)benten. Pami tos tergantung insulin tangtosna langkung abot da di henteu henteu, kedah dipaparin tambihan insulin ti luar (di injeksi/di suntikkeun) upami henteu tiasa fatal, margi sanaos saleresna urang tos emam gula nu seueur tapi si gula teh teu tiasa lebet ka darah da teu aya nu meungkeutna. Janten urang teras emam, tapi nutrisina teu lebet ka jaringan, tungtungna ngaraos lapar sareng haus teras. Nu mawi pami aya wargi nu resep emam tur rewog, tapi kalah begang... kedah atos2, boa2 gaduh diabet. Upami masih keneh NIDDM, langkung gampil ngokolana. Tiasa ka kontrol ku Diet wungkul ge, tiasa oge dibantos ku tatangkalan/ obat herbal. Tah, supados gampil emut prinsip dietna urang singkat we janten "3 J" nyaeta : 1. Jumlah : maksadna urang kedah saimbang tuangeun nu lebet sareng kabutuhan urang ka tuangeu teh. Ulah seueur teuing tuangna,bilih gulana naek. Tanapi ulah saeutik teuing tuangna bilih gulanalungsur, sami bahayana. 2. Jenis : tah kedah ppilih kanu tuangeun, mana anu kadar indeks glikemikna luhur ulah sering teuing di tuang sapertos duren, nangka jrrd 3. Jadwal : nya wayahna kedah rada teratur supados ka kontrol. Pamianom keneh kan sok rada ngagampilkeun, enjing2 teu sarapan, siang emam sagunung, wengi teu kabujeng emam da seueur tugas janten teu kantos emam, tah hal2 anu teu teratur sapertos ieu nu nyababkeungula darah naek turun teu jelas.. janten we dol kitu kang, euleuh panjang teuing nya...punten atuh --- AmanK Maya Suara <urangsunda_linglung @yahoo.co. id> wrote: > testimoni pun bapa.... > > nuang undur undur (sakali nuang 15 iji)... salami > saminggon (sadinten sakali)... > > turun tina 240 kana 180 an.... teras kontinu sasasih > nuangan wae undur2... > > ayeuna tos teu aya keluhan deui.... normal weh.... > > mangga hatur nuhun. > > baktos. > > Mang Maya > > www.salakadomas. multiply. com > www.hasanmustapa. web.id > www.kusnet.ning. com > www.mayasuara. blogspot. com > > yayan sopyan <yayan_sopyan68@ yahoo.com> wrote: > > kang waluya, seurur landong diabetes nu tos bukti > tiasa ngurangan, diantarana jukut alimusa (dina > bahasa indonesianamah putri malu) yaeta jukut mun > diloel murungkut tea, eta dicabut jeung akarnya > dikumbah terus dipoe, ke tos garing di leob ku cai > panas, tiasa oge dikulub, ke caina dileueut, > sadinten dua gelas. > tiasa oge tangkal cecenet (bahasa indonesianamah > ciplukan) rasana pait, sami, eta oge dirabut sareng > akarna, dipoe, dileob atanapi dikulub, caina > dileueut. > pami kang waluya terang daun katapang (mun di > Jakarta mah seurur dianggo pohon > pelindung/penghijau an di sisi jalan) anu daunna > rarubak, tah eta taun teh dikulub tina 3 gelas sina > dugika 1 gelas, sadinten dileueut dua kali. > mugia enggal waras > salam > > > ----- Original Message ---- > From: "Waluya, Dani R" <[EMAIL PROTECTED] com> > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com > Sent: Monday, January 21, 2008 1:36:07 PM > Subject: [Urang Sunda] Ubar Diabetes > > > Baraya's, > Dupi aya nu uninga ubar diabetes ?ceuk cnah ubarna > teh loba ; aya buncis, wortel, undur2, dugi ka > minyak tanah sasendok unggal bade kulem, saenyana > gula darah teh panyakit anu berbahaya kusabab bisa > ngaruksak organ nu lain, dupi aya saderek anu > uninga, tiasa ngabagi info. nuhun. > > > > > This message (including any attachments) is only > for the use of the person(s) for whom it is > intended. It may contain Mattel confidential, > proprietary and/or trade secret information. If you > are not the intended recipient, you should not copy, > distribute or use this information for any purpose, > and you should delete this message and inform the > sender immediately. > > > > > > > > ------------ --------- --------- --- > Looking for last minute shopping deals? Find them > fast with Yahoo! Search. > > > > > ------------ --------- --------- --- > Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di > bidang Anda di Yahoo! Answers ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _ Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. http://tools. search.yahoo. com/newsearch/ category. php?category= shopping ____________________________________________________________________________________ Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

