Rahasia Bisnis Urang Jepang

Menang : Ann Wan Seng 

 

Belajar dari :

Langkah Raksasa Sang Nippon Mengusai Dunia

 

 

03. Binangkitana Jepang

 

Jepang dipikanyaho yen Jepang nagara termaju, 

. . . . jeung anu ngendalikeun nagara-nagara industri.

 

Kaberhasilan Bangsa Jepang dina widang ekonomi matak pikahayangeun. Saha
nunyangka sanggeus ngalaman ancur lebur dina PD II, Jepang bisa ngadeg deui
dina kakuatan anu luar biasa. Jepang muncunghul ngarupakeun nagara paling
maju di wilayah Asia Wetan. Ngan ukur dina dua dekade sanggeus diragragkeun
bom dikota Hiroshima jeung Nagasaki, Jepang bisa nempatken dirina di
kalangan nagara anu boga pangaruh dina paekonomian dunya. Nageri Matahari
Terbit eta ngabuktikeun kadunya yen manehna mampu ngabangun deui
paekonomian manehna anu ancur. Baheula Jepang teu dipikawanoh jeung teu
tempo mangrupa nagara maju, tapi ayeuna, nagara eta jadi picontoeun jeung
tuturkeuneun Nagara-nagara anu boga pangaruh di dunya.

 

Mimitina, kualitas barang Jepang dianggap paling gopet. Tapi, ayeuna,
barang Jepang dianggap salah sahiji barang pangalusna jeung boga kualitas.
Jepang geus diaku jadi nagara anu paling maju jeung salah sahiji  anu boga
pangaruh utama pikeun nagara-nagara industri.

 

Ukuran kamajuan Jepang bisa diukur tina panghasilan per kapita jeung taraf
hirup rakyatna anu boga tempat kadua pangluhurna di dunya, Dina pertengahan
taun 1990-an, Produk Nasional Bruto (PNB) Jepang bisa US$ 37,5 miliar atawa
337,5 triliun rupiah. Angka eta sakaligus nempatkeun posisi Jepang di
tukangeun Swiss anu boga PNB pangluhurna sadunya. Simpeunan husus Swiss anu
jumlahna US$ 113,7 miliar mangrupakeun anu paling luhur sadunya.

 

Salain miboga sisimpenan anu gede, Jepang oge teu boga hutang ka luar
nagreg. Sabenerna lamun di banding-banding jeung Amerika Serikat (AS),
kaayaan paekonomian Jepang lewih kuat jeung kokoh. Najan AS dipikawanoh
mangrupakeun nagara penguasa ekonomi nomor hiji di dunya, sabenerna AS
nanggung hutang luar nagreg anu kalintang gede. Pangaluaran AS teu ukur
ngaalaman defisit anu gede, tapi oge nyinghareupan masalah inflasi anu
luhur.

 

Beda jueng kaayaan Jepang. Nagara Jepang salain boga tingkat inflasi anu
leutik, oge tingkat pangangguran anu leutik. Rahayat Jepang hirup mewah
jeung senang-senang ku gajih rata-rata taunan lewih tina ompat puluh rebu
dolar AS tiap tauna. Widang pendidikan jeng kasehatan di Jepang ngarupakan
anu pang alusna sadunya. Matakna, sakabeh pendudukna bisa membaca jeung
nulis.

 

Kamampuan Jepang bangkit tina karusakan alabatan perang jeung karusakan
paekonomian dianggap mangrupakeun keajaiban. Najan kitu, kaberhasilan nu
dirasakeun Jepang lain meunang tina waktu anu sakeudeung. Sabenerna, eweuh
hiji kaajaiban anu ngabantu perkembangna jeung kamajuan paekonomian Jepang.
Kabeh meunang tina hasil gawe rancage rahayat Jepang jang nyageurkeun harga
diri bangsa jeung nagara anu geus goring jeung cacad. Sagala kasenangan,
kamewahan, jeung kakayaan nagara eta beunang kuusaha anu teunempo kacape,
disiplin ketat, jeung sumangat gawe rancage anu diwariskeun tuturunan.

 

Bangsa Jepang boga sumangat cadu nyerah. Maranehna teu sieun ku cocaba jeng
kasusahan. Maranehna sanggup nyingharepan jeung sagala cobaan jang ngudak
tujuanna. Maranehna oge teguh ngajaga harga diri jeung kahormatan bangsa.
lamun ngalakukeun salah sahiji pagawean, maranehna ngalakonan serius supaya
meunang hasil anu unggul. 

 

Bangsa Jepang teubisa narima kana kaelehan. Pikeun maranehna, eleh teu
sarua jeung paeh. Kaelehan bisa ditebus deui ku kameunangan jeung
kaberhasilan dina widang nulian. Lamun kudu eleh, maranehna daek tapi eleh
ku pinuh harga diri.

 

Maranehna teu narima dihina. Pikeun maranehna, lewih hade paehbatan jadi
bangsa anu dihina jeung kahina.

 

Bangsa Jepang lewih milih paeh jeung maehan maneh batan nanggung kaera
lantaran eleh jeung gagal. Zaman baheula pahlawan Jepang anu kasohor
kusebutan samurai bakal ngalakukeun harakiri atau maehan maneh kucara
nancebkeun pedang kana beuteung lamun eleh dina tarung. Hal ieu justru
nembongkeun usaha maranehna nebus balik harga diri anu leungit lantaran
eleh dina tarung. Sumangat samurai masih kuat nganteb dina jero hate bangsa
Jepang. Tapi, ayeuna harakiri geus teu ilahar dilakukeun. Sumangat jeung
disiplin samurai eta ayeuna dipake bangsa Jepang pikeun ngawangun deui
ekonomi anu runtuh basa patengahan tahun 1940-an.

 

Jang ngajadikeun bangsa anu hebat tur dihormati, bangsa Jepang dina sagala
pangalaman pait jeung luak-leok. Bangsa Jepang tara kumeok memeh dipacok ku
sagala kakurangan jeung kalemahan nuaya dina diri maranehna.

 

Najan sumber alamna minim, diancaman ku gempa bumi, jeung mineng ngalaman
angin topan, maranehna ngagunakan sagala potensi nuaya jang ngabangun
nagara maranehna supaya sabanding jeung nagara anu beunghar kusagala sumber
alam. Maranehna pinter ngolah sagala sumber anu aya.

 

Oge, maranehna teu boros. Kabeh sumber alam eta dimanfaatkeun
sahade-hadena. Maranehna teu beuki miceunan waktu jeung tepat waktu.

 

Sikep eta anu ngabantu Jepang nangtung jeung mampu bersaing di pasar
ekonomi bebas jeung dunya paniagaan. Bangsa Jepang ngamaksimalkeun naon anu
dipikaboga kumaranehna lantaran wilayah anu lobagunung jeung teu bisa lewih
loba deui ngaronjatkeun hasil alam maranehna.

 

Di Jepang, pasaingan dina make tanah jang imah jeung jeung tatanen ketat
pisan. Tapi, hal eta teu jadi halangan pikeun maranehna jang ngamanfaatkeun
sumber-sumber anyar di nagara lain. Jepang oge boga tanaga manusa anu cukup
jeung kualitas nuhade pikeun ngawngun sektor industri jeung nyieun
pausahaan-pausahaan industri. Faktor eta oge nungajadikeun Jepang
mangrupakeun pausahaan raksasa nutarafna multinasional, jeung ngjadikeun
panuntun oge pamacu kana kaberhasilan ekonomina. 

 

[nu pikaresepeun]

 

SIKEP POSITIF URANG JEPANG :

. Teu gancang nyerah

. Teu sieun kana cocoba jeung kasusahan

. Ngajaga harga diri jeung kahormatan bangsa

. Ngalakukan pagawean nusoson-soson

. Eleh bisa ditebus ku meunang jeung hasil ku widang lain

. Urang Jepang pinter ngamangfaatkeun sumber alam nuaya

 

 

[hanca ti...]

Asep Heriandi

Zaika Distro Muslimah

RedRocket Clothing & Souvenir

Sik Clothing - Batam

08127721788

<<attachment: ~WRD308.jpg>>

Kirim email ke