Kataji ku kang Kumi anu nganggo kecap  "bagapurusa" (tina basa Sunda Buhun) 
dina wikipedia Sunda.
 





----- Original Message ----
From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Monday, December 10, 2007 8:05:30 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Basa Sunda Buhun jeung Kosa Kecap Basa Kosta

Usulan anu sae... Kapungkur mah anu getol ngampanyeukeun dilarapkeunana 
istilah2 kuna pikeun gaganti istilah2 kosta teh di antawisna Mang Ayat 
(almarhum). istilah2 sanes anu galib di urang tapi tina segi basa 'kirang 
matut', tiasa dijadikeun kaca alihan (redirect) ka kaca anu judulna nganggo 
kecap2 kuna tadi. 


On 12/8/07, Aschev Schuraschev wrote:
Poé Salasa minggu kamari, waktu diparengkeun bisa ka Bandung, kuring meuli 
Kamus Bahasa Sundu Kuno – Indonesia (KBSKI) karya Elis Suryani N. S jeung 
Undang Ahmad Darsa. Ceuk kuring, kecap-kecap KBSKI bisa dipaké pikeun neangan 
padanan kosa kecap dina bahasa kosta (utamana basa Inggris). Contona, dumasar 
KBSKI, kecap wahana wiyati bisa dipaké pikeun narjamakeun aircraft atawa 
airplane (Ind: kapal terbang). Airline atawa airways bisa ditarjamahkeun jadi 
pusahaan galur wiyati atawa pausahaan marga wiyati tibatan ditarjamahkeun jadi 
panghiberan (asa anéh) anu pernah kawénéhan dina wikipédia Sunda; rarasaan (mun 
teu salah) basa Sunda tidak mengenal imbuhan pang-an. Conto lian, kecap success 
bisa dipadankeun jeung kecap wipaka. Loba kecap-kecap basa Sunda kuna kawénéhan 
dina pagelaran wayang golék, jadi sabenerna mah henteu anéh. Urang waé anu tara 
make atawa tara ngadengekeun wayang anu ngarasa asing.





      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke