Tos lami* tara ngengklokan, maklum nuju pakepux* :)

Euleuh*euleuh* kaambeu bauna nya Kang Trias dugi ka luar nagreg? Heheh*
Nya kitu tea atuh*masalah runtah di urang teh teu beres-beres. Tong tebih2 di 
rorompok abdi we, eta mah da aya kana 3 mingguna teu diakutan ku petugas 
kebersihan ti Kabupaten nu biasa nganggo treuk koneng. Sanes sing suudzon, 
babakunamah kaluman seueur laleur, rarujits jaba bararau deuih*.ngondang 
pipanyakiteun.

Sakapeung mah sok sirik ningali tukang ngakutan runtah nu aya di lembur 
tatanggi (luareun komplek) nu dikokolakeun ku masyarakat (swadaya), jaba tos 
sarepuh deuih nu midamelna. Runtah teh diakutan unggal dinten, nganggo roda, 
dicandak ka hiji lapangan, dipilihan. Aya nu teras diduruk, aya nu pisahkeun 
(kanggo icaleun deui)*wartosna sok kekengingan 600 rewu wae mah sakali ngical. 

Bakating ku kaluman & hoyong bersih tina runtah, antukna pun biang "nyandung" 
ngalanggan ngakutan runtah, salian ka RT (da isin tea ku Pak RT*hihi) sareng ka 
dinya* Alhamdulillah, wadah runtah di payuneun bumi teh bersih-bersih bae, 
kalebet taneuh nu nyayed dihandapna dugi ka dikorehan*. Leres2 pisan 
didaramelna teh.

Aya nu matak reueus. Ngadangu wartos jaba seueur jalmi nu nyarioskeun, hanjakal 
teu acan kantos pendak sanaos abdi sok remen "ngukur jalan". Aya hiji 
pangsiunan AURI sanes jalmi samanea, pangsiunan Perwira Menengah, janten 
pemulung. Anjeuna sok milarian barang2 tilas disisi jalan, dipasar & dimana wae 
mendakna. Hal ieu netelakeun yen runtah aya keneh "artosan" dugi ka jalmi 
pantar anjeunna kersa mulungan. Emut saur pun biang,"Alus kitunamah, timanan 
ucang angge dina korsi oyag (goyang) ngadago-dago dawuh ti Pangeran, aya keneh 
mangpaatna keur balarea*".

ro2

trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> 

Maca PR dinten ieu, ngeunaan runtah.
 
Runtah
pasolengkrah di tengah imah
cicing di imah teu betah
dahar teu ngeunah,
sare teu genah.
ibadah teu tumaninah
sameh oge nyingkah, embung sakali kali deu nyemah cenah.
kieu salah kitu salah
 
Salila ieu runtah dianggap euweuh hargaan, alias hargana Rp.0,-
Runtah lain barang euweuh hargaan.
Komo kudu dihargakeun mah, upamana bae dijual ka tukang loak atawa ka pemulung.
Sabaraha ari harga runtah? harga runtah "minus", lain "enol"
Sing saha bae nu miceun runtah kudu ngaluarkeun duit, duit, duit ... duit asli.
Teori atawa elmu ngeunaan runtah, gampang pisan, budak leutik ge terang. Ngan 
mental budaya nu goreng sakapeung leuwih punjul, ngelehkeun sagalana.
Mun didongengkeun ngeunaan nu kieu bakal ngacapruk panjang. Mangga dua heula we 
nu dibahas. 
1. Miceun runtah kudu di karanjang runtah, mun euweuh karanjang runtah sakuan, 
ke mangsana panggih jeung karanjang runtah piceun di dinya. Sering ningali 
supir dahar rambutan, ngeunah we lung... lung... miceun cangkangna tina 
jandela.  
2. Barang bere barang nu geus teu kapake ka nu miskin, kudu masih keneh aya 
hargaan keur manehna, keur pakeeun, lain barang bere runtah, nu manehna ge can 
tangtu sanggup mayar ongkos miceun runtah.
 
Wasalam,
Trias     

Kirim email ke