Rampeees... Aduh hawatos teuing. Hanjakal simkuring sanes dokter. Nanging, kamari ieu kantos ngobrol sareng pun lanceuk, Kang Iding, ngeunaan JAMUR KAPUCA (Punten bilih lepat namina). Saurna mah eta jamur teh tiasa ngalandongan sawatara panyawat, diantawisna TBC sareng ASMA.
Cara ngadamelna, ngagodog heula cai dugi ka ngagolak. Teras eta cai didamel janten teh manis (takeranna dikinten-kinten we sakumaha ilaharna ngadamel teh manis). Tos kitu, lebetkeun kana keler atanapi wawadahan naon wae anu didamel tina kaca. Omat ulah tina plastik saurna teh. Margi, simkuring oge kantos ngaos buku anu judulna "Jangan Makan Plastik". Kacindekanana, memang katuangan anu dibungkus ku sabangsaning plastik teh kirang sae kanggo kasehatan. Tah, tos dilebetkeun kana wadah kaca tea, lebetkeun we jamur kapuca. Teras we dikekeb sadinten. Engke rasana teh rada haseum, tapi da nikmat. Komo upami disimpen heula dina kulkas mah. Simkuring oge saumur2 teu acan ngalaman gaduh kulkas, tapi saatos wawanohan sareng jamur kapuca mah janten maksakeun meser kulkas. Karaos ku simkuring mah memang aya hasilna. Tara gampil cape, tara gmpil tunduh (upami bagadang), sareng (wartosna) nambah kakuatan pameget dina ngawajiban nu janten istri. Tah, nu pamungkas mah simkuring teu acan gaduh kasempetan kanggo ngabuktoskeun. Kumaha carana kenging eta jamur? Mangga we kontak Bapa Iding: (022) 70012397. InsyaAlloh salami ieu tara kantos diicalan. Nu nuhunkeun mah tangtos dipaparin, bari dipapatahan cara ngadamelna, pleus tiasa nyobian hasil racikan anjeunna. Simkuring oge kirang resep ngaracik nyalira mah. Sok nuhunkeun anu tos janten we, lajeng disimpen dina kulkas. Alhamdulillah, panyawat mag simkuring oge damang ku syareatna eta jamur kapuca. Ayeuna simkuring tos tya wagelan deui ngaleueut kopi siang-wengi, tur henteu kedah teratur tuang. Margi, tos henteu gaduh mag. Sakitu anu kapihatur, mugia aya mangpaatna. Baktosna Dhipa Galuh Purba http://galuh-purba.com --- In [email protected], kuncen kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sampurasun, > > punten wargi sadaya manawi aya nu terang landong tradisional kanggo panyawat ASMA, atanapi landong TBC, aya nu peryogieun manawi baraya kusnet aya ny terang. > > nuhun > wasalam "kuncen kasep" > > > ----- Original Message ---- > From: dhipagaluh <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Monday, February 4, 2008 9:28:01 PM > Subject: [Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD? > > > Pasualanana sanes ngabantah atanapi ngaenyakeun, da eta mah urusan > pribadi Kang Kumi. Tiasa ngabantah bae, nya sae. Sok, tembrakeun > argumentasina. Atuh upami teu tiasa, nya kuring oge moal maksa mirusa > ka nu teu suka. Sagala rupina oge, nyanggakeun sadaya-daya ka warga > internet jeung warga darat. Kuring mah ukur nembrakeun pamadegan, tur > aya argumentasina. Piraku diwalonna ukur ku kitu? Lantaran cara > ngajawab Kang Kumi kalintang jauh tina sistemastis, bet jadi pasaran, > kuring hayang apal, siga kumaha makalah Kang Kumi dina gempungan > kamari? Cobi, kuring hayang maca makalahna. Nuhunkeun dipidangkeun di > dieu. > > Tapi sateuacan nyerat, saena uningaan heula TUJUAN atanapi PAMIANGAN > eta gempungan. Apan tos jelas, sanes saukur presentasi ti urang > Internet anu ditujukeun ka urang darat. Tapi apan sakitu rempegna > pemateri urang darat, anu tangtos peryogi dilenyepan ku urang > internet. Naha Kang Kumi bet tega nyebatkeun teu aneh pikeun warga > internet ngabandungan presentasi Kang Kumi? > > Baktosna > Dhipa Galuh Purba > > --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, kumincir <kumincir@ .> wrote: > > > > Upamana bae Kang Dhipaa atawa nu sanesna ngahartikeun yen kuring > nganggap > > diri leuwih pinter batan urang darat (di antarana bae anu sumping: Abah > > Surya, Abah Yus Rusyana, Ambu Diana, Kang Dadang M., jst.), mangga teh > > teuing, moal rek ngabantah atawa ngaenyakeun. > > > > On 2/4/08, dhipagaluh wrote: > > > > > > Hanjakalna éta tulisan Kang Kumi (mairan Kang Agus jeung > kuring) bet > > > asa harianeun pisan. Kang Kumi kedahna obyéktif, ulah kéna-kéna > diulem > > > pikeun masihan présentasi. Sok mangga uningaan ku Kang Kumi, naon > > > tujuanna éta pajemuhan anu digembor-gembor ku panitia? Sanés saukur > > > masihan présentasi ka urang darat ti urang internét. Tapi > tujuanna téh > > > "nepungkeun anu giat di internét jeung anu di darat". Upama Kang Kumi > > > gaduh pamadegan siga kitu,hartosna Kang Kumi gaduh angkeuhan yén > urang > > > internét langkung palalinter batan urang darat, anu antukna urang > > > internét mah dianggap teu penting ngabandungan preséntasi ti urang > > > darat. > > > > > > > > > > > ____________________________________________________________________________________ > Never miss a thing. Make Yahoo your home page. > http://www.yahoo.com/r/hs >

