Saurna sumping oge teh Herni (wakil guru basa Sunda) sareng teteh wawakil ti Diknas ka pajemuhan dinten ahad kamari. Kanggo saayeunaeun, sae pisan upami ayana wikipedia Sunda teh diembarkeun ku teh Herni atanapi teteh ti Diknas ka para guru basa Sunda (upamina wae ngalangkungan milis guru basa Sunda, upami aya). Eusi-eusi wikipedia Sunda tiasa dimangvuatkeun kanggo janten topik / tema tugas ti bapa/ibu guru ka para muridna.
Bade nambihan warta ngeunaan jejer dina wikipedia Sunda yeuh, sajabi anu disebatkeun ku kang Budhi, tos aya oge materi ngeunaan: - tata basa Sunda (kenging kang Dian Tresna Nugraha); - sajarah Sunda (kenging ti kang Kumi sareng pamake wikipedia sanesna); - kimia (kenging kang Kumi); - statistika (kenging kang Budhi); - geografi hususna ngeunaan gunung (kenging kang Tedy sareng pamake sanesna); - materi anu pakait sareng Jepang (kenging kang Budhi); - seueur materi sanesna anu teu kasebat didieu (kalebet kontribusi ti kang Dadan anu nembe lebet sareng ratusan kontributor sanesna). Hatur nuhun sareng wassalam, Aschev ----- Original Message ---- From: Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Tuesday, February 5, 2008 8:25:48 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Wikipedia Sunda Outlook 2008 Hurip, bravo, banzai.....ku "salingkuh" tos aya wujudna. Punten baraya sanes abdi nungtut, ieu mah nyumangetan kanu tos gaduh komitmen. Sugan ieu kalebet kontribusi ngan ulang dianggap ngarewong. majeng teras kang! Hurip Sunda Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED] net> wrote: ngiring ngarewong ... kuncen wikipedia sunda nu aya kiwari, dina ngeusian wikipedia, gumantung kana karesep, sapertos kang asep ngeunaan IT, kang MSetiadi ngeunaan Korea, oge nu sanesna. baktos, budhi kurono kopo 241 On 2/4/08, kumincir <[EMAIL PROTECTED] .or.id> wrote: Nuhun kana pangrojong sareng usulan salira... Ke ku abdi bade didugikeun ka riungan kontributor kumaha kamungkinan2ana. Perkawis ngadukung mulok atanapi pangajaran di sakola, kedah diperenahkeun heula di mana pasna. Anu kaerong ku abdi mah, upami kedah aya format atanapi rarancang husus anu benten ti nu tos galib, kedah disawalakeun heula naon anu dipikahoyong ti--sebat bae--pihak sakola. Upami tos jelas kumaha2na, nembe ditimbang2 deui naha ku masarakat wiki ayeuna tiasa kabadanan atanapi henteu. Margi, sanes nanaon, kikituan teh pan ladang salingkuh tea... heuheu... Janten, anu eta mah tiasa disebat proyek husus di jero salahsahiji wiki. Lajeng, kumargi sigana dina leresan ieu mah jejerna tangtos diwates, jadi 'produk'na henteu seueur teuing, sigana langkung sae upami ngalangkungan deui proses editing anu kamari disabit sakedik ku Ceu Etty RS. Sakitu heula panginten. Teh Herni kumaha yeuh kamandang salira? Kamari kabujeng seepeun waktos yeuh... On 2/4/08, Jalak Pakuan wrote: Kang Kumi hatur nuhun masihan gambaran ngeunaan Wikipedia. Kang Kumi naha arahna tiasa henteu nya janten ngawujudkeun Wikipedia Sunda Outlook 2008 nu eusina agenda, progress, hanca gawe Wikipedia supaya kageatan 2008 tiasa langkung fokus. Ti dinya asana mah para wargi babari noong, ngabantu pami aya nu bade ngayakeun kolaborasi oge ngaleungitkeun kamungkinan duplikasi gawe. Saterasne panginten ngawujudkeun sisi babari make (fungsional) sapertos fungsina ngadukung mulok dina kurikulum pangajaran di Bodetabek. -- sikandar kumincir.blogspot. com -- Budhi Setiawan e-mail: [EMAIL PROTECTED] ac.jp web: http://budhisetiawa n.net/ Makarya Mawa Raharja Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. ____________________________________________________________________________________ Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

